Posts

Showing posts from August, 2018

Juju Juarni – Sulanjana (Lirik Lagu)

Image
Juju Juarni – Sulanjana (Lirik Lagu)  Dadap cangkring dina gawir. Ngajajar pa antay – antay. Paingan teu geunah pikir. Gara – gara rek paturay. Malela dianggo palang. Dianggo pager Jayanti. Rek bela ulah kapalang. Urang silih meuli ati. Jauh tanjakan ka dano. Kuda na dua harideung. Jauh komo mingkin sono. Cakeut ge teu weuleh nineung. Ka jambi rek ngadon mantun. Ngahariring bari ngawih. Abdi mah alim dikantun. Alim dikantunkeun teubih. Kembang eros jeung jalaprang. Na handapeun tangkal awi. Sanaos raga pa’anggang. Pamugi mah ulah rek lali. Sanaos heunteu ka Subang. Asal kaso malang bae. Sanaos jarang patepang. Hate mah cumantel bae. Kembang wera daun turi. Hayang Lalenangan bae. Lamun teu era ku diri. Hayang reureujeungan bae. Endog meri dina sayang. Katuruban ku candana Duh diri samar kahayang. Gara – gara can laksana. Teu beunang disupa dulang. Teu beunang dibebenjokeun. Keterangan Album : Genre : Degung Jaipong Album : Sulanjana

Dedeh Winingsih – Galak Timuru (Lirik Lagu)

Image
Dedeh Winingsih – Galak Timuru (Lirik Lagu)  Mikiran diri sakujur. Disangka hiup teu jujur. Heunteu pisan menang liar. Jeung batur teu bisa campur. Ngarasa teu laluasa. Heunteu campur jeung tatangga. Salilana dicuriga. Gede pisan timburu na. Sanajan disangka rucah. Nu puguh mah ukur fitnah. Baid teuing wani sumpah. Ceuk rasa teu goreng lampah. Sanajan loba rejeki. Tapi pinuh ku kanyeuri. Timburu nu tanpa bukti. Antuk na malindeus ka diri. Ka batur nyaliwang sangka. Teu kaop aya nu nanya. Jamotrot baeud jeung nyiksa. Lalaki kitu gawe na. Keterangan Album : Genre : Ketuk Tilu Jaipongan. Album : Galak Timuru Sinden : Dedeh Winingsih, Yoyoh Ratna Sari, Saleh Sari Rasa. Pimpinan : Eutik Muchtar dan Saleh Suwito NS Pirigan Gamelan : Panca Warna Group dan Sari Lumayung Group Produksi : Rachmat Record. Isi Album : No SIDE A SIDE B 1 Galak Timuru Sari Kaya 2 Ambon Soranga

Darso – Teu Pamit (Lirik Lagu)

Image
Darso – Teu Pamit (Lirik Lagu)  Jungjunan indit teu pamit. Ngaleos tampa permios. Ninggalkeun sakeureut jangji. Muragkeun kalakay cinta. Lawas teu aya wartos na. Naha kamana leos na. Teu puguh laratanana. Teu puguh laratanana. Tanjakan gunung burangrang. Kungsi disorang ku urang. Tanjakan gunung burangrang. Ngantosan urang duaan. Jangji anu kungsi leungit. Urang pasinikeun deui. Cinta anu kungsi pegat. Yu urang sambungkeun deui. Keterangan Album : Genre : Calung Modern Album : Cipinang Sinden / Penyanyi : Darso / Hendarso Pimpinan dan Arransemen : Uko Hendarto. Pirigan Gamelan : Calung Modern Group Produksi : Blackboard Record. Isi Album : NO SIDE A SIDE B 1 Cipinang Bulan Bisa Nyowara 2 Bandung Ciparay Teu Pamit 3 Taman Carita Bendu 4 Sulaya Rendengan 5 Sisi Tanjakan

Darso – Taman Carita (Lirik Lagu)

Image
Darso – Taman Carita (Lirik Lagu)  Di patamanan nu pinuh ku kaendahan. Ligar na kembang nitenan carita urang. Ditempat ieu nyanding sagala impian. Tepung na asih nyacapkeun rasa kameulang. Hiliwir angin mirig galindeung katresna. Galura cinta ngageuteurkeun lelembutan. Hate guligah bagja nu taya keundat na. Cinta urang mugia sing tinekanan. Carita urang duaan dicatet dina impleungan. Jadi lambang kabagjaan sampurna kasatiaan. Carita urang dicatet dina harepan. Mugia tetep abadi aya dina kalanggeungan. Keterangan Album : Genre : Calung Modern Album : Cipinang Sinden / Penyanyi : Darso / Hendarso Pimpinan dan Arransemen : Uko Hendarto. Pirigan Gamelan : Calung Modern Group Produksi : Blackboard Record. Isi Album : NO SIDE A SIDE B 1 Cipinang Bulan Bisa Nyowara 2 Bandung Ciparay Teu Pamit 3 Taman Carita Bendu 4 Sul

Darso – Sulaya (Lirik Lagu)

Image
Darso – Sulaya (Lirik Lagu)  Duh bulan salira sulaya. Mangsa kuring keur poekeun. Kalah nyumput satukangeun mega. Duh bentang anjeun teu satia. Pajar maneh rek nya’angan. Mapaesan awang – awang. Teu nyana salira sulaya. Teu sangka anjeun teh beut baha. Cenah moal luncat mulang lanca - linci. Majar rek satuhu nyeukeul jangji nu pasini. Bulan sulaya horeng anjeun teu satia. Bentang beut baha geuning salira teh cidra. Nu jadi impleungan bulan ca’ang narawangan. Ukur na lamunan dina jero pangimpian. Keterangan Album : Genre : Calung Modern Album : Cipinang Sinden / Penyanyi : Darso / Hendarso Pimpinan dan Arransemen : Uko Hendarto. Pirigan Gamelan : Calung Modern Group Produksi : Blackboard Record. Isi Album : NO SIDE A SIDE B 1 Cipinang Bulan Bisa Nyowara 2 Bandung Ciparay Teu Pamit 3 Taman Carita Bendu 4 Sulay

Darso – Sisi Tanjakan (Lirik Lagu)

Image
Darso – Sisi Tanjakan (Lirik Lagu)  Harita kuring keur leumpang. Kareret sisi tanjakan. Aya kembang nu keur ligar. Anu kacida seungit na. Mun pareung deui kadinya. Rek mawa cai kaheman Keur nyiram kembang nu ligar. Sangkan nambahan sirih na. Katumbiri Warna – warni. Melengkung di luhur langit. Mun kembang kapimilik. Hariwang sok sieun leungit. Ceuk beja aya bangbara. Ngahaja datang kadinya. Ngagoda kembang keur ligar. Bari jeung mere hareupan. Keterangan Album : Genre : Calung Modern Album : Cipinang Sinden / Penyanyi : Darso / Hendarso Pimpinan dan Arransemen : Uko Hendarto. Pirigan Gamelan : Calung Modern Group Produksi : Blackboard Record. Isi Album : NO SIDE A SIDE B 1 Cipinang Bulan Bisa Nyowara 2 Bandung Ciparay Teu Pamit 3 Taman Carita Bendu 4 Sulaya Rendengan 5 Sisi

Darso – Rendengan (Lirik Lagu)

Image
Darso – Rendengan (Lirik Lagu)  Aya wartos na. Salira nyorangan deui. Saupami eta leres. Akang rek nitip ka asih. Bagja temen. Pami katresna ditampi. Weungi enjing bade dongkap. Neupangan diri salira. Saupami diparengkeun urang hirup sasarengan. Ku urang .. urang eusian. Lolokrang kanya’ah urang. Yu urang sorang ku urang. Jalan pangharepan. Urang hontal ku dua’an. Nyorang kabagjaan. Hayu urang sasarengan. Hayu urang sauyunan. Urang susul Pangjugjugan. Sangkan laksana rendengan 2x. Naon anu ngahalangan. Urang singkirkeun ku urang. Yu urang … urang mepende. Hate anu masket 2x. Keterangan Album : Genre : Calung Modern Album : Cipinang Sinden / Penyanyi : Darso / Hendarso Pimpinan dan Arransemen : Uko Hendarto. Pirigan Gamelan : Calung Modern Group Produksi : Blackboard Record. Isi Album : NO SIDE A SIDE B 1 Cipinang Bulan Bisa Nyowara 2 Bandung Ciparay Teu Pamit 3