Posts

Showing posts with the label Kingkilaban

Enah Sukaenah – Sekar Gambir - Kingkilaban (Lirik Lagu)

Image
Enah Sukaenah – Sekar Gambir - Kingkilaban (Lirik Lagu)  Enah Sukaenah –   Sekar Gambir (Lirik Lagu) Abdi mah sok sesah deui. Gambaran mah kukituna. Teu aya bobot pangayon. Teu kaopan teu panya’an. Babari anggeus – anggeusan. Sautak – saeutik bendu. Taya pisan tinimbangan. Mas panggung karaton. Luminjing di alam eling. Gumelar dipageularan. Sihoreng heunteu sabongbrong. Ngadosa sagala kahayang. Teu kongang saweunang – weunang. Horeng hirup geus diukur kadar. geusan kadar. Tangkal bungur ngarangrangan. Daun na perang garing. Kembang na nyumput rag – ragan. Marurag kateubak angin. Tangkal bungur jadi ciri. Siloka na nu rek nyungput. Nyambuang dikalanggeungan. Papasten Gusti Yang Widi. Poe eta … Horeng poe panuntungan. Enah Sukaenah – Kingkilaban (Lirik Lagu) Sumedang mah …. Sumedang kalingkung gunung. Lembur – lembur 2x ting runggunuk. Kasawang ti ka’anggangan Aya naon dunungan da semu anggun. Kahibaran dunungan da layung koneng. ...

Nyi Mas Okamah S – Udan Iris – Kulu Kulu Barat – Kingkilaban (Lirik Lagu)

Image
Nyi Mas Okamah S – Udan Iris – Kulu Kulu Barat – Kingkilaban (Lirik Lagu)  Nyi Mas Okamah S – Udan Iris (Lirik Lagu) Kamana nya titip diri. Ka anjeun kitu bukti na. Jiga anu rada paler. Kawuwuhan bukti pisan. Disampeurkeun geuning ngejat. Kamana atuh nyalindung. Nitip diri sangsang badan. Nyi Mas Okamah S -   Kulu Kulu Barat (Lirik Lagu) Bungbulang dina kelewih. Pacar tere ka anginan. Sok melentung dikebon. Akar pandan diruasan. Bubuk piring pakauman. Bendungan di sisi situ. Pesing saha dipanjara. Dunungan teu geura mulih. Bilih tereh ka uninga. Kaduhung lamun kadongdon. Ulah waka luluasan. Sing emut kana hukuman. Dunungan ulah beut kitu. Masing leres ka salira. Nyi Mas Okamah S -   Kingkilaban (Lirik Lagu) Dina ranggon panyileukan panineungan … Jungjungan. Pamuntangan teu tepang geus anggang pisan. Ati ceurik hanjakal geus lawas pisan. Ngahariring nu mepende lelembutan. Jempling peuting nambahan karudet pikir. Geus ka imp...

Aan Darwati – Kingkilaban (Sangkuriang) (Lirik Lagu)

Image
Aan Darwati – Kingkilaban (Sangkuriang) (Lirik Lagu)  Ngatur catur carita alam baheula. Dayang sumbi di kepung muyung ka bingung. Asih sajati na leungit. Katitih peurah birahi. Demi adeg – adeg diri. Kapaksa kuciwa. Bongan laku Sangkuriang nu wangkelang. Karanjingan polah nirca dina cinta. Geus samar ka indung. Indung anu ngandung. Dayang sumbi menta bukti. Ngawangun talaga. Sangkuring kudu tandang. Saperti nyieun talaga Pikeun nandakeun lalaki. Memeh berang kudu bukti. Lamun talaga ngajadi. Karek bisa laki rabi. Pasini palaur ngabukti. Nu nirca tulus ngajadi Mun melar inggis balai. Jadi waris seweu – siwi. aduh .. Dayang Sumbi mapatkeun ajian diri. Boeh larang nyipta cahya kingkilaban. Peuting nu tadina jempling. carangcang maju ka ca’ang. Hayam raong kongkorongok. Pertanda geus berang. Sangkuriang murang – maring kabeurangan. Ngawatesan laku nirca mo laksana. Tong neangan indung. Jaga jadi Bandung. Nya didinya bakal datang. Band...