Aan Darwati – Kabandang Ku Mojang (Lirik Lagu)
Aan Darwati – Kabandang Ku Mojang (Lirik Lagu) Itu saha nu ngaliwat. Angkat lewat jungkat - jengkat. Mun pareng gawe na rikat. Alus semu hade ulat. Barang gawe teu tampikan. Teu boga hate beulikan. Naon bae pagawean. Dapon kabeh kabersihan. Hade budi tur perceka. Capetang bisa nyarita. Disawang matak kabita. Mun bisa hayang miboga. Salira nu jangkung lenjang. Alus laur nu sampulur. Kabeh pria mikayungyun. Ka irut nambahan gandrung. Lamun dangdos sederhana. Tara sok diruka – reka. Najan wanita ayeuna. Tumut piwulang sepuh na. Nganjang teu matak hariwang. Mo isin lamun tatandang. Mun mangsana ligar kembang. Heunteu kagok kumapalang. Tumut piwuruk sepuh na. Tara minculak akhlak na. Kukuh pengkuh tabeat na. Estuning luhur budina Hese neangan ganti na. Abong urang mah jelema. Teu sarua ti luarna. Komo jeung eusi hate na. Keterangan Album : Genre : Jaipongan. Album : Tawis Soca. Sinden / Juru Kawih : Aan Darwati. Kendang : Koko wah...