Posts

Showing posts from February, 2018

Euis Komariah dan Mang Koko – Duh Indung (Lirik Lagu)

Image
Euis Komariah dan Mang Koko – Duh Indung (Lirik Lagu)  Duh indung ngaraksa ngajaring anak. Najan rungsing matak pusing. Heunteu weleh deudeuh. Mikanya’ah asih. Ngamomong jeung dititimang. Duh indung ngaping ngadama – dama anak. Ngamumule buah hate. Ngajungjung tur ngugu – ngugu. Anak dijieun puputon. Duh indung … duh indung … Timangtiti ngamomong anak. Duh indung …. Duh indung … Teu keundat ngadudu’a .  Duh indung ... duh indung .. Mun peuting ngajempling nyaring.  Mun beurang leuwang hariwang.  Keukeuh heunteu jongjon ku puputon.  Gawe ngahehegar ngalelenjar.  Duh indung ... peuting hahariringan, nyaring. Lain hariring birahi.  Ngeyong mepende puputon. Sieun anak heunteu tibra.  Keterangan Album : Judul Album : Kembang Impian Sinden : Euis Komariah. Kecapi : Mang Koko. Isi Album :   NO SIDE A SIDE B 1 KEMBANG IMPIAN PEUTING JEUNG PANG HAREPAN 2 LONGKEWANG TEPUNG DI LAMPING

Euis Komariah dan Mang Koko – Tepung di Lamping Galunggung (Lirik Lagu)

Image
Euis Komariah dan Mang Koko – Tepung di Lamping Galunggung (Lirik Lagu)  Katineung sanggeus patepung. Ngaberung muru ka gunung. Duh galunggung pangeunteupan lagu Liwung. Ka gandrung teu suwung – suwung. Duh … teu suwung – suwung. Hariring tawis ka eling. Ngalingling sosoca lamping. Duh galunggung … panganjangan sungkan mulang. Kameulang teu ilang – ilang. Laaah … teu ilang – ilang. Pengkolan jeung pupudunan … Ngimutan bari ngiceupan. Wa’as… duh jungjunan. Keur pakaleng rerendengan. Keur rerendengan. Jalan ka tonggoh ka lebak. Nyiak mun Pareng katincak. Kelar duh jungjunan. Ayeuna ngan kari tapak. Ieuh …. Ngan kari tapak. Keterangan Album : Judul Album : Kembang Impian Sinden : Euis Komariah. Kecapi : Mang Koko. Isi Album :   NO SIDE A SIDE B 1 KEMBANG IMPIAN PEUTING JEUNG PANG HAREPAN 2 LONGKEWANG TEPUNG DI LAMPING GALUNGGUNG 3 SAMOJA

Euis Komariah dan Mang Koko – Samoja (Lirik Lagu)

Image
Euis Komariah dan Mang Koko – Samoja (Lirik Lagu)  Kedal na asih na bulan pinuh mamanis. Hiji jangji pasini na rasmining wanci Mangsa samoja jongjon kembangan. Duh eulis langit lenglang. Angin rintih dina ati … aduh. Lalakon lawas na bulan pinuh katineung. Aya jangji pasini nu heunteu ngajadi. Mangsa samoja geus ngarangrangan…. Duh ieung.   Langit anggeub samagaha dina ati … duuh. Ayeuna kantun wa’as na jungjunan. Lalakon katukang diteang ngan ku ciptaan. Kamari nu pamit … kamari nu pamit. Datang deui na kalangkang. Ayeuna kantun ngangres na jungjunan Lalakon nu lawas (peugat) di sambung ngan ku ciptaan. Kamari nu leungit …. Kamari nu leungit. Rek leubeung mo datang deui.   Keterangan Album : Judul Album : Kembang Impian Sinden : Euis Komariah. Kecapi : Mang Koko. Isi Album : NO SIDE A SIDE B 1 KEMBANG IMPIAN PEUTING JEUNG PANG HAREPAN 2 LONGKEWANG TEPU

Euis Komariah dan Mang Koko – Pangungsi Balik (Lirik Lagu)

Image
Euis Komariah dan Mang Koko – Pangungsi Balik (Lirik Lagu)  Balik – balik tenangan jeung ngalongkewang. Mulang heunteu babawaan.   Duh gusti … teu babawaan. Banda beak … awak begang. Anak bojo rumanggieung. Pakaian sarakeut badan.   Sangsara dipangungsian …. Duuuh di pangungsian. Budak ceurik titadi terus midangdam. Indung na heunteu ngupahan… duh gusti heunteu ngupahan. Ujang kapan arek mulang. Ka lembur ka bumi ujang. Bari neang pepelakan. Sangkan seubeuh kadaharan … laah ti kadaharan. Awak lesu rampohpoy sakujur badan. Imah ngan tinggal urut na .. dunungan tinggal urut na. Kebon ngeplak ngan tapak na. Budak melong bari ngomong “ bapak mana imah urang”. “Jeung dimana domba urang” … duh domba urang. Keterangan Album : Judul Album : Kembang Impian Sinden : Euis Komariah. Kecapi : Mang Koko. Isi Album :       NO SIDE A SIDE B 1 KEMBANG IMPIAN PEUTING JEUNG PANG HAREPAN 2 LONGKEWANG

6 Lirik Lagu Karya Mang Koko – Kliningan dan Kecapi

Image
6 Lirik Lagu Karya Mang Koko – Kliningan dan Kecapi  A.     Keterangan   Album : Kliningan dan Kecapi Karya Mang Koko. 1.       Album : Sariak Layung. 2.       Pimpinan : Mang Koko. 3.       Pirigan Gamelan : Ganda Mekar. 4.       Lurah Sekar / Kecapi : Tatang Ben. 5.       Juru Sekar : Ida Rosida dan E. Sondjaya. B.      Keterangan Isi Album :   NO SIDE A SIDE B 1 SARIAK LAYUNG SEMPAL   GUYON 2 SAGAGANG KEMBANG ROS HANJUANG DI KUTAMAYA 3 CARINGCING PEUTING JEUNG PANG HAREPAN 4 GUPAY PILEULEUYAN DI LANGIT BANDUNG BULAN KEUR MAYUNG 5 DASI HIDEUNG HUJAN POYAN HANEUT POYAN NO JUDUL   LAGU LIRIK   LAGU 1.       Dilangit Bandung Bulan Keur Mayung Lirik Lagunya, yaitu : Jangjang peuting geus ngalingkup. Ngarungkupan dayeuh bandung. Anu hibar sinar lampu. Panto ati geus narutup . Dipindingan kawih as