Posts

Showing posts with the label Taman Priangan

Aan Darwati – Taman Priangan (Lirik Lagu)

Image
Aan Darwati – Taman Priangan (Lirik Lagu)  Tuh … langit nu mayungan. Jeung sang surya tuh anu nya’angan. Diamparan kaendahan. Wanci peuting sang purnama nu marengan. Tuh … bentang nu baranang. Ngariceupan anu nambah ca’ang. Ngahibaran taman sari. Taman endah keur budaya nu pribadi. Tuh … taman na priangan. Patamanan nu kapribadian. Taman sari kasenian. Tempat piknik ngamumule kabudayan. Leuh … karya na seniman. Dihijikeun jadi eusi taman. Taman Sari Indonesia. Nu marakbak sakuliah nusantara. Tuh .. jadi kawajiban. Seniwati jeung para seniman. Ngajembarkeun ngamotekar. Nu pribadi budaya na sina mekar. Tuh … pageuhan tongkat na. Bisi robah lesot ti asal na. Dilawangan babarengan. Sing toweksa miara na eusi taman. Leuh … hate kacampuran. Tutuwuhan nu sok ngarekahan. Ngabala’an patamanan. Ngahalangan Taman karek kekembangan. . Yu … pada ngamumule. Urang ome kikis hade – hade. Taman sari Indonesia. Jeung tanjeurkeun komara na kabudaya. Ket...