Posts

Showing posts with the label Ketuk Tilu

Dedeh Winingsih – Galak Timuru (Lirik Lagu)

Image
Dedeh Winingsih – Galak Timuru (Lirik Lagu)  Mikiran diri sakujur. Disangka hiup teu jujur. Heunteu pisan menang liar. Jeung batur teu bisa campur. Ngarasa teu laluasa. Heunteu campur jeung tatangga. Salilana dicuriga. Gede pisan timburu na. Sanajan disangka rucah. Nu puguh mah ukur fitnah. Baid teuing wani sumpah. Ceuk rasa teu goreng lampah. Sanajan loba rejeki. Tapi pinuh ku kanyeuri. Timburu nu tanpa bukti. Antuk na malindeus ka diri. Ka batur nyaliwang sangka. Teu kaop aya nu nanya. Jamotrot baeud jeung nyiksa. Lalaki kitu gawe na. Keterangan Album : Genre : Ketuk Tilu Jaipongan. Album : Galak Timuru Sinden : Dedeh Winingsih, Yoyoh Ratna Sari, Saleh Sari Rasa. Pimpinan : Eutik Muchtar dan Saleh Suwito NS Pirigan Gamelan : Panca Warna Group dan Sari Lumayung Group Produksi : Rachmat Record. Isi Album : No SIDE A SIDE B 1 Galak Timuru Sari Kaya 2 Ambon Sor...

Idjah Hadidjah – Kembang Gadung (Lirik Lagu)

Image
Idjah Hadidjah – Kembang Gadung (Lirik Lagu)  Bismillah mah abdi ngawitan manggung. Muji syukur ka Yang Agung. Neuda widi Maha Suci. Seuweu – siwi Siliwangi. Neuda jembar hampura na. Ti gusti nu Maha Suci. Neuda diaping dijaring. Neuda sapa’at pangriksa. Sareng ka para karuhun. Nyanggakeun ieu pang bakti. Ulah bade hiri dengki. Kembang gadung nu kahatur …. duh ieung. Nyanggakeun ieu pang bakti. Neuda kasari katampi. Pangbakti seuweu – siwi. Keterangan Album : Genre : Ketuk Tilu Jaipongan. Album : Sinden Beken Sinden : Idjah Hadidjah Wira Swara / Alok : Samin Sekar Pirigan Gamelan : Jugala Group. Pimpinan : Gugum Gumbira. Produksi : Jugala Record. Isi Album : No SIDE A SIDE B 1 Sinden Beken Kembang Gadung 2 Gehger Gandrung 3 Papalayon Ciamis Leang – Leang 4 Mahoni Bandrong Petit.

Idjah Hadidjah – Mojang Geulis (Lirik Lagu)

Image
Idjah Hadidjah – Mojang Geulis (Lirik Lagu)  Mojang geulis 2x. Nu kumaha ari nu geulis. Sanes geulis babasa’an. Sumangga geura leunyeupan. Kitu ge tambih lumayan. Manawi ngajadi bahan. Kuatkeun kapribadian. Darajat kawanitaan. Malah ngajadi ageuman. Teger manah … teger iman. Tara unggut kalindungan … Tara geudag kaanginan. Kana rijki rik – rik geumi. Ngarumah tangga di ulik. Pangarti diungkat beli. Panganggo diapik – apik. Angkat lir macan teunangan. Keupat na sanes raehan. Mun dangdos sederhana. Taran niron kabaratan. Sanaos sagala aya. Ka asuh ku dunya brana. Dangdos teuteup sederhana. Basajan tapi sampurna Lamun dina pawayangan. Supabra ti kahyangan. Sampurna hese banding na. Teu ingkar kapribadian. Dina waktu dipulusti. Mojang geulis langkung surti Terang kana harga diri. Nguatkeun darajat istri. Keterangan Album : Genre : Ketuk Tilu Jaipongan. Album : Meulak Sampeu Sinden : Idjah Hadidjah Pirigan Gamelan : Usdi Group. Produ...

Idjah Hadidjah – Kawin Heula (Lirik Lagu)

Image
Idjah Hadidjah – Kawin Heula (Lirik Lagu)  Ulah gampang kang … Gampang mondok. Ulang gampang kang … Gampang deukeut. Hayang salse kang … ngarah jongjon. Mending oge kang … kawin heula. Meh teu era kang … ku tatangga. Abdi pasrah kang …. moal baha. Beurang peuting kang … abdi mah manga. Tapi asal kang … kawin heula. Mun geus kawin kang … urang the jongjon. Moal matak kang … jadi gangguan. Beurang peuting kang … urang the jongjon. Sakahayang kang … urang cumponan. Ayeuna mah kang …. wayah na heula. Da engke ge kang …. moal ku saha Sayagikeun kang …. keur ipeukah na. Ngarah jongjon kang …. kawin heula. Keterangan Album : Genre : Ketuk Tilu Jaipongan. Album : Meulak Sampeu Sinden : Idjah Hadidjah Pirigan Gamelan : Usdi Group. Produksi : Anyar Record. Isi Album : No SIDE A SIDE B 1 Meulak Sampeu Mojang Geulis 2 Kawin Heula Neundeun Harepan 3 Kem...

Idjah Hadidjah – Gandrung (Lirik Lagu)

Image
Idjah Hadidjah – Gandrung (Lirik Lagu)  Gandrung ….laaah. Kayumala cikapundung. Campeudak mah ditaluaran. Kasaha abdi nyalindung. Mun mendak kanyeunyeurian. Gandrung …. laaaah. Marakpak kembang ermawar. Pacampur jeung kacapiring. Sumeblak rasa kameulang. Hate teh mah teu geunah teuing. Gandrung …. laaah. Jakarta ka cililitan. Karedok mah mani lada. Micinta kanu rimbitan. Sesah na kabina – bina Gandrung …… laaah. Sinangbara tumbak saldo. Meser sereh di cililin. Kutan kieu jalmi bodo. Teu weuleh di api lain. Gandrung …. laaah. Kembang eros na alkeutif. Taya piwadahaneunana. Abdi mah rumaos laif. Teu aya pandangeunana. Gandrung …. laaah. Kayumala cikapundung. Campeudak mah ditaluaran. Kasaha abdi nyalindung. Mun mendak kanyeunyeurian. Gandrung ….laaah. Haruman …. Gunung haruman. Pangalengan gunung cupu Kaluman abdi kaluman. Teu kaop da kaedanan. Gandrung …. laaah. Cai – cai … Kopi – kopi. Peupejeuh di. Calik – calik sareung abdi. Peupejeuh pas...

Idjah Hadidjah – Angin Priangan (Lirik Lagu)

Image
Idjah Hadidjah – Angin Priangan (Lirik Lagu)  Seungit angin Priangan. Ngusapan eumbun – eumbunan… duh embun – embunan. Hawar – hawar reureundahan ngahariring. Ayun ambing – ayun ambing. Seungit angin Kayangan. Sumeureup na leuleumbutan …. duh na leuleumbutan. Hawar – hawar reureundahan ngahariring. Eling – eling mangka eling. Deungkleung dengdek 2x sisi lamping. Anu dewek … eunya anu kuring. Tanah wasiat tanah durit. Anu matak tibeulat nya rarasa’an Deungkleung dengdek 2x sisi lamping. Anu dewek …. eunya anu kuring. Tanah katresnan jadi sarakan. Anu teuteup mareungan nya leuleumbutan. Keterangan Album : Genre : Ketuk Tilu Jaipongan. Album : Meulak Sampeu Sinden : Idjah Hadidjah Pirigan Gamelan : Usdi Group. Produksi : Anyar Record. Isi Album : No SIDE A SIDE B 1 Meulak Sampeu Mojang Geulis 2 Kawin Heula Neundeun Harepan 3 Kembang Ligar ...

Dedeh Winingsih – Ambon Sorangan (Lirik Lagu)

Image
Dedeh Winingsih – Ambon Sorangan (Lirik Lagu)  Diteuteup teu daek deukeut. Kapan pasini geus paheut. Jangji silih pikageugeut. Dapon layeut lambat - lambut. Tapi tepung ukur imut. Teu benang dipikameumeut. Siga nu udar duriat. Tapi pikir teuteup ngait. Ulah waka luluasan. Jiga nu putus hareupan. Najan teuteup dilamehan. Geuning kalah ngajauhan. Miheman nu teu karuhan. Ngolembar teu ngalayanan. Nyieun poe panganggeusan. Timbul na ambon sorangan. Keterangan Album : Genre : Ketuk Tilu Jaipongan. Album : Galak Timuru Sinden : Dedeh Winingsih, Yoyoh Ratna Sari, Saleh Sari Rasa. Pimpinan : Eutik Muchtar dan Saleh Suwito NS Pirigan Gamelan : Panca Warna Group dan Sari Lumayung Group Produksi : Rachmat Record. Isi Album : No SIDE A SIDE B 1 Galak Timuru Sari Kaya 2 Ambon Sorangan Geseh 3 Kangsreng Paron Petit 4 Tabl...