Ibu Saodah – Jemplang Ceurik – Candra Wulan – Kaleon – Tatalegongan - Kanyeunyeurian (Lirik Lagu)
Ibu Saodah – Jemplang Ceurik – Candra Wulan – Kaleon – Tatalegongan - Kanyeunyeurian (Lirik Lagu) Ibu Saodah – Jemplang Ceurik (Lirik Lagu) Halimun di suku gunung. Aling – aling layung kuning. Ruhay Umyang nu ka sawang. Naha ketir teuing ari ras urang pa’anggang. Dunungan … Dipapaler ku hariring geuning. Naha iraha rek kauntun tepung laksana nya diri. Aya kadar ti pangeran. Ku kaweunangan Yang Widi. Suwung sagala rintangan. Dunungan … Maha suci sifat adil geuning. Ibu Saodah – Candra Wulan (Lirik Lagu) Lara raga disimkuring. Dendeng gedang wawalehan. Putra tahing Bandung tulen. Rama ibu teurah sunda wiwitan … Teurah pasundan. Nanging sakalintang dusun. Tata titi kirang terang… geuning. Abdi mah sok sesah teuing. Gamparan mah ku kituna. Teu aya bobot pangayon. Teu kaopan teu paya’an. Babari anggeus – anggeusan. Sautak – saeutik bendu. Taya pisan tinimbangan … duh. Ibu Saodah – Kaleon (Lirik Lagu) Pikir teh bati prihatin. Hate asa did...