Posts

Showing posts with the label Eneng Suparmika

Eneng Suparmika – Tukeur Cingcin (Lirik Lagu)

Image
Eneng Suparmika – Tukeur Cingcin (Lirik Lagu)  Tukeur cingcin lain kawin. Eta mah patali batin. Panyimpay kabirahian. Siloka kembang rimbitan. Acan sah ngalambang sari. Sanajan kabeungkeut jangji. Patepung diwatesanan. Heunteu kongang kajongjonan. Ngan kudu pada satia. Singlar sagala gogoda. Nu bakal rugi ahir na. Pamaksudan teu laksana. Mun pareng geus tinekanan. Poma rek aing – aingan. Sing luyu sabilulungan. Dapon dampal sandang pangan. Keterangan Album : Genre : Kliningan Album : Banondari. Sinden / Penyanyi : Eneng Suparmika. Kendang : Sitangan Gledek / Sibungsu. Pimpinan : Tatang Nirwana. Pirigan Gamelan : Gamelan Medal Kawangi. Produksi : Asmara Record. Isi Album : NO SIDE A SIDE B 1 Panyandungan – Banjar Sinom Rengganis – Golewang 2 Banondari - Gendu Entog Mulang 3 Teu Awet Jodo Kulu Kulu Barang 4 ...

Eneng Suparmika – Teu Awet Jodo (Lirik Lagu)

Image
Eneng Suparmika – Teu Awet Jodo (Lirik Lagu)  Sarerea ge ngalaman. Saeunggeus na pangantenan. Teu boseun silih oconan. Silih ciwit lalaunan. Silih rangkul dinu suni. Silih toel dinu buni. Silih cawel kana pipi. Malah silih jewer ceuli. Ninggang ka lalaki rucah. Sataun sakali nikah. Geus boseun nyingkah ti imah. Hirup na lain merenah. Tiap pasang tos ratusan. Anak reuay tos losinan. Ti unggal bibit turunan. Katambah anak sampeuran. Cing atuh geura eureunan. Kapan urang geus umuran. Meujeuh na mere didikan. Contoh alus jeung tuladan Keterangan Album : Genre : Kliningan Album : Banondari. Sinden / Penyanyi : Eneng Suparmika. Kendang : Sitangan Gledek / Sibungsu. Pimpinan : Tatang Nirwana. Pirigan Gamelan : Gamelan Medal Kawangi. Produksi : Asmara Record. Isi Album : NO SIDE A SIDE B 1 Panyandungan – Banjar Sinom Rengganis – Golewang 2 Banondari - Gendu ...

Eneng Suparmika – Milih Mojang (Lirik Lagu)

Image
Eneng Suparmika – Milih Mojang (Lirik Lagu)  Mun rek mandang aya mojang jangkung lenjang. Ceuk rasa mah Jang Bungsu pasti kagembang. Luwes pantes eta dina tarang aya karang. ..Mawa dangiang. Rindat na matak ngabandang. Mun rek nganjang oge gampang Coba teang aya mojang terah kampung. Ceuk rasa mah Mang Karna pasti kaduyung. Cebrek koneng manteng pameunteu na seudeung … Matak ngahuleung. Mun pareng heunteu patepung. Tinangtu bakal kaduhung. Cobi uji aya mojang amis budi. Ceuk rasa mah Mang Endi pasti kataji. Mun diteuteup eta senyum na narik birahi … Saeutik pasti. Mun hese neangan deui. Cukup ku eta ge hiji. Coba riksa milih arek anu mana. Mending gadis atawa arek nyi randa. Lamun naksir eta nyi randa reuay anak na … Hamur biaya. Tapi nasib asak riksa. Ulah sakadar suka. Cobi loris kosong korsi gadis manis. Ngan hanjakal nunggeulis pahatu lalis. Tong aringgis eta keur geulis teu daek judes … Mo katampias Meungpeung masih keneh l...

Eneng Suparmika – Fitnah (Lirik Lagu)

Image
Eneng Suparmika – Fitnah (Lirik Lagu)  Na ku naon salira beut ngabenduan. Naon nu jadi lantaran. Kudu aya kasalahan. Wuri – wuri aya semah. Salira heunteu someah. Buad – baeud jeung mitenah. Nuduh – nuduh boga salah. Teu rumasa baid. Heunteu boga dosa. Teuing lamun sabalik na. Lalaki nu kitu peta. Mun enya ngalanggar sari. Kudu jeung cara ngabukti. Carita’an ulah jangji. Dapon ngenah keur pribadi. Na kunaon sok bingung mikiranana. Teu kaop aya nu nanya. Gede pisan timburu na. Lamun kieu salawas na. Pacogreg taya eureun na. Rumah tangga moal lana. Aya bahan jadi randa. Keterangan Album : Genre : Kliningan Album : Banondari. Sinden / Penyanyi : Eneng Suparmika. Kendang : Sitangan Gledek / Sibungsu. Pimpinan : Tatang Nirwana. Pirigan Gamelan : Gamelan Medal Kawangi. Produksi : Asmara Record. Isi Album : NO SIDE A SIDE B 1 Panyandungan – Banjar Sinom Rengganis – Golewang ...

Eneng Suparmika – Tablo – Kukupu (Lirik Lagu)

Image
Eneng Suparmika –   Tablo – Kukupu (Lirik Lagu)  Eneng Suparmika – Tablo (Lirik Lagu) Mun dicukcruk ari tigalur na. Dibukakeun riwayat na. Tetela jalmi mah teu aya nu gagah perkasa. Anging Allah nu kawasa. Nu ngatur bumi jeung langit. Nu mawi geuning ayeuna urang sing gumati. Ibadah ka maha suci. Sagala ning parentah na. Nya kitu laranganana. Sing taat lakonana. Heunteu kenging urang sameumeuna. Mungguhing urang di dunya. Ulah rek sameumeuna. Nurutkeun sagala. da hirup aya nu ngatur. Kumerendang diwateusanan. Teu lesot panalinga’an. Pasosore geuning abdi the na bale. Bari nyarande mepende hate. Ngabangbrangkeun pikir bimbang. Liwung nguyung ku kabingung. Bingung hoyong abdi the ku bingung. Hariwang loba kameulang. Sok sieun abdi the bekas nyalahan deui engkang. Hanteum weleh dina hate. Inggis batan maot. Inggis mun jangji heunteu ngajadi. Nyalahan naon anu ditekadkeun. Kasawang bakal tumaros. Sok inggis abdi mendak balai deui. ...