Dedeh Winingsih – Langlayangan Peuting (Lirik Lagu)
Dedeh Winingsih – Langlayangan Peuting (Lirik Lagu) Bulan langlayangan peuting. Jadi batur diri kuring. Nganteung na benang katresna. Tali asih ka maneh na. Ngebrak sinar bulan ca’ang. Ampir rek nandingan beurang. Langit teu aya panghalang. Estu plung – plong mega ilang Kacipta mangsa katiga. Lalakon anu kasorang. Dina lamunan Kasawang. Rasa ciptaan ngalangkang. Duh jungjunan …….. Iraha arek nepungan. Abdi kesel nganti – nganti. Kapanutan buah ati. Keterangan Album : Genre : Jaipongan Album : Daun Pulus 5 Sinden : Dedeh Winingsih. Pirigan Gamelan : Sampurna Group Produksi : Kencana Record. Isi Album : No SIDE A SIDE B 1 Daun Pulus 5 Nineung 2 Cidra Jangji Jurang Panghalang 3 Jamparing Langit Kembang Dayang 4 Langlayangan Peuting Carecet Beureum