Nunung Nurmalasari – Nanaonan (Lirik Lagu)
Nunung Nurmalasari – Nanaonan (Lirik Lagu) Mun maca eusi surat na. Malar kabudal cinta na. Rek satia jiwa raga. Bumela tandon na nyawa … Duh salalamina. Mun maca eusi sajak na. Muji na kabina – bina. Sarebu bentang ngiceupan. Nyengcelak kuring sorangan … Duh teu aya banding na. Paribasa deudeuh teuing eta raray. Kade megar kapanasan. Paribasa ku endah eta panangan. Mun nganggo gelang berlian. Paribasa ku manis lamun tos dangdos. Mirupa selang geus kayas. Paribasa eta teuteup eta imut. Kareu’eut matak kapincut. Ninggal kalakuanana. Sok matak seuri sorangan. Cacakan teu dilayanan. Ngaku – ngaku papacangan … Duh ambon sorangan. Lamun ninggal pribadi na. Karunya mikiranana. Bari leumpang tetembangan. Sakapeung ajrag – ajragan. Duh … Brang breng brong sorangan. Keterangan Album : Genre : Kliningan Album : Naon Cenah Sinden / Juru Kawih : Nunung Nurmalasari Pangrawit : Kendang (Tosin Muchtar), Saron I (Yeyep Yusup), Saron II (Yahya Wahyudin)...