Posts

Showing posts with the label Kembang Wera

Cucu Setiawati – Banjaran - Kembang Wera (Lirik Lagu)

Image
Cucu Setiawati – Banjaran - Kembang Wera (Lirik Lagu)  Cucu Setiawati -   Kembang Wera (Lirik Lagu) Kembang wera daun turi. Hoyong lalab bongan bae Pami teu isin ku gusti. Hoyong reureujeungan bae. Pelesir mah sariak layung. Mapay – mapay pamandian. Pikir abdi seudeung muyung. Sumeblak kanyeunyeurian. Soloyong maju ka kulon. Suat - sieut da di wiyati. Kahoyong can kalakon. Moal weuleh kapiati. Ti batan jalan ka Guntur. Mening ge mah ka baros bae. Ti batan abdi di palsu. Mening ge mah geuningan teu cios bae. Ka sumedang ka Conggeang. Nuju na ka ujung jaya. Harareudang harariwang. Aringgis cidra sulaya. Ka Cijulang ka Cianjur. Meser uyah saperakeun. Sumerah badan sakujur. Mung ulah disapirakeun. Cucu Setiawati – Banjaran (Lirik Lagu) Jukut laut jadi ageur. Siga pisan paparean. Kudu sareundeuk saigel. Sabobot sapihanean. Solasi disisi kotakan. Nyere di damel tunggul Welas asih kedah nyata. Teu sae Ka Wiyaga anu nyarengan. Sada...