Euis Komariah dan Iyus Singadilaga – Sungkawa – Suka Sedih – Muntang Ngembing (Lirik Lagu)
Euis Komariah dan Iyus Singadilaga – Sungkawa – Suka Sedih – Muntang Ngembing Iyus Singadilaga - Sungkawa Kasorotan sinar layung. Ombak na ngan ukur usik. Sok inggis ngabaribinan. Dumeh alam Sepi tingtrim Dupi nandangan Sungkawa. Sungkawa mayunan jangji. Mayunan jangji. Euis Komariah – Suka Sedih Suka teh sok rerendahan. Gampil pisan ngiles deui. Suka bungah sese’epan. Mun nyanding nu dipiati. Sukan sukan suka seri. Tapi lamun na geus mungpung. Ngan bati sedih nu aya. Lengiteun panutan ati. .. Panutan ati. Ngadak – ngadak 2x taya tangan pangawasa. Euis Komariah – Muntang Ngembing Naha teu aya ras – rasan gamparan kadiri abdi. Anu sakieu abotna. Naha gampil teuing lali. Boro mah maksad abdi. Seja sumujud mituhu. Ayeuna kieu buktos na. Duh diri teu nyana teuing. Horeng kieu 2x .. ari nu ambon sorangan. Abdi neda kapangeran. Muntang ngembing teh ka gusti. Da ari kamanusa mah. Kalah bosen nganti – nganti. Nu puguh a...