8 Lirik Lagu Dedeh Winingsih
1. Dedeh winingsih – renggong gancang. Mun jalan ka alun – alun. Moal eureun dipengkolan. Sanajan mang taun – taun. Moal weuleh di dagoan. Lawon sepre gandaria. Nu kayas kantun sakodi. Teu malire nu satia. Beut luas ngantunkeun abdi. Tanjakan gunung cikuray. Kanyere sareng alpukeut. Sanajan urang paturay. Hate teh teuteup pacakeut. Lawon bodas baju kurung. Di pake ka hotel wae. Najan lawas teu patepung. Hate mah cumantel wae. Lamun cau hese ngajul. Mun muncang hese nuaranana. Lamun cau hese nyusul. Teu wasa abdi neanganana. Titiran mah diluhur gunung. Recet – recet disadana. Pipikiran bararingung. Naon pilandongeunana. Tarate candak ti bale. Di candak ka sindang laya. Hate teh teu daek paler. Ari anggang abdi meulang. Cau raja turun jantung. Jadikeun sakuya wae. Taya bagja taya untung. Jadikeun baraya wae. Daun pulus jeung cangkangna. Cihcir disada ti peuting. Lamun tulus jeung anjeunna. Piker bungah tanpa tanding...