Ibu Saodah – Papatet Ratu – Sampiung – Mamanis - Teunangan (Lirik Lagu)
Ibu Saodah – Papatet Ratu – Sampiung – Mamanis - Teunangan (Lirik Lagu) Ibu Saodah – Papatet Ratu (Lirik Lagu) Nyucruk palung Beulah bantar. Birit leuwit peupeuntasan. Sok emut jaman kapungkur. Waktos urang sasareungan. Ibu Saodah - Sampiung (Lirik Lagu) Nyana ketir geus sabulan. Hujan poyan silantangan. Nojehkeun suku katuhu. Dibarengan ku tikenca. Nojer ka begal buana. Sampiung maneh na ngapung. Sampiung ngapung ka manggung. Cat mancat ka awang – awang. Burudul sarung bajuna. Barabat sawidak dewak Rukut semut …. Rap ku lemah. Kadingdingan indung peuting. Kahalangan mega bodas. Rentong sagede papatong. Rentong sagede bangbara. Ari batan mimis meudit. Leupas batan kuda lumpat. Wowok wawuh jeung nu lemut. Wawak wowok jeung juragan Ibu Saodah – Mamanis (Lirik Lagu) Galuh wayang semu wayang. Gumirincing juragan kancana Kumoleang Kumalantang Juragan tatalegongan. Ngagudur ti tebeh kidul. karendeukan laut hideung. Geus heunteu benang nileup...