Euis Komariah – Kinanti Kaum – Jembar Manah – Leuheung Leuheung (Lirik Lagu)
Euis Komariah – Kinanti Kaum – Jembar Manah – Leuheung Leuheung (Lirik Lagu) Euis Komariah – Kinanti Kaum (Lirik Lagu) Abdi mah alim dikantun. Kamana ge seuja ngiring. Tibatan abdi ditilar. Sok kajeun nemahan pati. Hirup ge asa percuma. Pinasti hamo walagri. Euis Komariah – Jembar Manah (Lirik Lagu) Sok rajeun kameumeulangan mikiran diri pribadi. Timana jeung rek kamana. Cenah hirup kudu hurip. Waluya lahir batin. Mana nu bener nu palsu. Hese neanganana. Sok inggis salah pahili. Palangsiang 2x. Bener the ngan ceuk sorangan…. Ngan ceuk sorangan. Asa jauh panineungan. Sepi kapiraga ati. Ngumpul pinuh ku lamunan. Anu nyuat – nyuat pikir. Teu weleh – weleh ka sewit. Tungtung na ngangurung balung. Teu sangka atuh … teu sangka. Diri baris nandang peurih. Cuang – cieung 2x. Tebih nu dipicinta. Euis Komariah – Leuheung leuheung (Lirik Lagu) Dasar keur nandang tunggara. Nasib teh tindik tumimplik. Kitu lain… Kieu lain. Pinuh ku katugenahan. N...