Euis Komariah - Kembang Ati (Lirik Lagu)
Euis Komariah - Kembang Ati.
Euis Komariah – Kembang ati.
Euis Komariah – Kembang ati.
Kembang ati nu mangkat dipatamanan.
Sumeuleubeur hate kebek ku wawanen.
Ngadalingding kabawa ku angin peuting.
Ngahaleumheum Sumanding nyanding hariring.
Langit lenglang Kaburu ku bentang.
Bulan ca’ang nganteurkeun imut kamelang.
Tingkariceup pameunteu teuteup jeng deudeuh.
Imut manis pinuh ku madu kareu’eut.
Kembang ati nu mayang pating nembongan
Pangharepan nu pinuh wungkul lamunan.
Puspa endah nu tara ligar ku mangsa.
Rek balaka sugan can aya nu boga.
Da rasa mah ngalayang di mega malang.
Ngalanglangan miboga deudeuh jeung melang.
Kembang asih nu ngancik jeroning ati.
Rek dipetik pinarep patepang deui.
Comments
Post a Comment