Aan Darwati – Kabandang Ku Mojang (Lirik Lagu)
Aan Darwati – Kabandang Ku Mojang
(Lirik Lagu)
Itu saha nu ngaliwat.
Angkat lewat jungkat - jengkat.
Mun pareng gawe na
rikat. Alus semu hade ulat.
Barang gawe teu
tampikan. Teu boga hate beulikan.
Naon bae pagawean. Dapon
kabeh kabersihan.
Hade budi tur perceka.
Capetang bisa nyarita.
Disawang matak kabita.
Mun bisa hayang miboga.
Salira nu jangkung lenjang.
Alus laur nu sampulur.
Kabeh pria mikayungyun.
Ka irut nambahan gandrung.
Lamun dangdos
sederhana. Tara sok diruka – reka.
Najan wanita ayeuna.
Tumut piwulang sepuh na.
Nganjang teu matak
hariwang. Mo isin lamun tatandang.
Mun mangsana ligar
kembang. Heunteu kagok kumapalang.
Tumut piwuruk sepuh na.
Tara minculak akhlak na.
Kukuh pengkuh tabeat
na. Estuning luhur budina
Hese neangan ganti na. Abong
urang mah jelema.
Teu sarua ti luarna. Komo
jeung eusi hate na.
Keterangan
Album :
Genre : Jaipongan.
Album : Tawis Soca.
Sinden / Juru Kawih :
Aan Darwati.
Kendang : Koko
wahyudin.
Rebab : Warta Suwarta.
Wira Swara / Alok : Iin
Subarjah dan Dadi rosadi.
Penata Gending : Atjep
Subarna.
Pimpinan : Takrim dan
Djai.
Pirigan Gamelan :
Rineka Swara.
Produksi : Dian Record.
Keterangan
Isi Album :
|
NO
|
SIDE A
|
SIDE B
|
|
1
|
Tawis
soca
|
Lara
Lara – Karang Nunggal
|
|
2
|
Nembongan
Deui
|
Kabulusan
|
|
3
|
Putri
Argapura
|
Kabandang
Ku Mojang
|
|
4
|
Anyar
Papanggih
|
Leuleupeutan
|

Comments
Post a Comment