Aan Darwati – Kingkilaban (Sangkuriang) (Lirik Lagu)
Aan Darwati – Kingkilaban
(Sangkuriang) (Lirik Lagu)
Ngatur catur carita
alam baheula.
Dayang sumbi di kepung
muyung ka bingung.
Asih sajati na leungit.
Katitih peurah birahi.
Demi adeg – adeg diri.
Kapaksa kuciwa.
Bongan laku Sangkuriang
nu wangkelang.
Karanjingan polah nirca
dina cinta.
Geus samar ka indung. Indung
anu ngandung.
Dayang sumbi menta
bukti. Ngawangun talaga.
Sangkuring kudu
tandang. Saperti nyieun talaga
Pikeun nandakeun
lalaki. Memeh berang kudu bukti.
Lamun talaga ngajadi. Karek
bisa laki rabi.
Pasini palaur ngabukti.
Nu nirca tulus ngajadi
Mun melar inggis balai.
Jadi waris seweu – siwi. aduh ..
Dayang Sumbi mapatkeun
ajian diri. Boeh larang nyipta cahya kingkilaban.
Peuting nu tadina
jempling. carangcang maju ka ca’ang.
Hayam raong
kongkorongok. Pertanda geus berang.
Sangkuriang murang –
maring kabeurangan.
Ngawatesan laku nirca
mo laksana.
Tong neangan indung. Jaga
jadi Bandung.
Nya didinya bakal
datang. Bandung hurung nanjung.
Keterangan
Album :
Genre : Kacapi Suling.
Album : Sangkuriang.
Sinden / Juru Kawih :
Aan Darwati
Pirigan Gamelan :
Panineungan Group / Kacapi Rineka Gaya.
Pimpinan : A. Chalim.
Produksi : Panineungan
Record.
Keterangan
Isi Album :
|
NO
|
SIDE A
|
SIDE B
|
|
1
|
Kingkilaban
(Sangkuriang)
|
Taman
Priangan
|
|
2
|
Bangbara
|
Girimis
Kasorenakeun
|
|
3
|
Kanya’ah
Indung Tere
|
Karang
Nunggal
|
|
4
|
Mulang
Ka Sarakan
|
Pahlawan
Ilang Laratan
|

Comments
Post a Comment