Mamah Dasimah dan Didin S. Badjuri – Papatet Ratu – Pangapungan – Mangu Mangu (Lirik Lagu)


Mamah Dasimah dan Didin S. Badjuri – Papatet Ratu – Pangapungan – Mangu Mangu (Lirik Lagu) 


Didin S. Badjuri – Papatet Ratu (Lirik Lagu).


Nyucruk galur saur sepuh. Ngaguar tunda pujangga.
Neangan pancering diri. Pancer kasakten pinasten.
Pituduh hukuman nu bagja. Waluya diseja.

Kembat jalan tatapakan. Napak teas nabar nian.
Tuh itu pamuruan nu saestu. Sakti diuji kubukti.
Dihibaran nur ilahi. …dulur
Sagebray sapangwurukan. Ngamanusan ka sasama.

Hayu silih asih … silih asuh. Ngaraksa bela nagara.
Rembugan silih eledan. Tinekanan nu diseja.
Negri makmur loh jinawi. Walatra keur sarerea.
Jaya nagara … Indonesia.  

Mamah Dasimah dan Didin S Badjuri - Pangapungan (Lirik Lagu)


Gebyar hibar nur ilahi. Mandiri tunggal sahiji.
Esa kawasa nyalira. Maha asih maha suci.
Heman na tan wangeunan. Nya’ah na taya sudanna.
Ya Alloh …
Mituhu ganjar mulya. Wangkeulang ngala cilaka.
Pamuntangan 2x… Pangbalikan mangsa mulang.

Mamah Dasimah dan Didin S. Badjuri – Mangu Mangu (Lirik Lagu)


Gelaring ka insan nu linuwih. Nya sacipta nu maha kawasa.
Raga diancikan rasa. Punjul akal jeung pikir.
Ngukur - ngukur awak sakujur. Saucap saparipolah.
Adab tatakrama. Natrat na diri awaking.
Silih asih …silih asah … silih asuh. Jatining kamanusaan.

Keterangan Album :
Genre : Tembang Sunda
Album : Dalingding Asih
Juru Kawih / Juru Sekar / Panembang : Mamah Dasimah dan Didin S. Badjuri.
Rampak : Yuyun / Sani / Neti.
Pirigan Gamelan : Dasentra dan Sasaka Domas Group.
Pirigan Kacapi Suling : Ruk ruk – Dede S. – Ade S.
Rumpaka Ageman Karya : Poerbasah R.
Penata Garapan : Ubun Kubarsah
Pimpinan : Didin S. Badjuri
Produksi : SP Record
Isi Album :
NO
SIDE A
SIDE B
1
Aduh Ieung
Bubuka Ageman
2
Dalingding Asih
Papatet ratu – Pangapungan – Mangu mangu  
3
Reumis Girimis Kasedih
Goyong – Rajamantri – Tejamantri – Gunung Sari
4
Galeuh Deudeuh
Waditraan (Instrumental)
5
Nyawang Harepan

6
Tepang deui Tembang deui



Comments

Popular posts from this blog

Soal dan Jawaban Pkn Kelas 7 Semester 2 – Halaman 150 dan 151

Soal dan Jawaban IPA Kelas VII – Semester 2 – Halaman 26

Soal dan Jawaban IPS Terpadu Kelas VII – Halaman 82