Aan Darwati – Taman Priangan (Lirik Lagu)
Aan Darwati – Taman Priangan (Lirik
Lagu)
Tuh … langit nu
mayungan. Jeung sang surya tuh anu nya’angan.
Diamparan kaendahan.
Wanci peuting sang purnama nu marengan.
Tuh … bentang nu
baranang. Ngariceupan anu nambah ca’ang.
Ngahibaran taman sari. Taman
endah keur budaya nu pribadi.
Tuh … taman na
priangan. Patamanan nu kapribadian.
Taman sari kasenian. Tempat
piknik ngamumule kabudayan.
Leuh … karya na
seniman. Dihijikeun jadi eusi taman.
Taman Sari Indonesia.
Nu marakbak sakuliah nusantara.
Tuh .. jadi kawajiban.
Seniwati jeung para seniman.
Ngajembarkeun ngamotekar.
Nu pribadi budaya na sina mekar.
Tuh … pageuhan tongkat
na. Bisi robah lesot ti asal na.
Dilawangan babarengan.
Sing toweksa miara na eusi taman.
Leuh … hate kacampuran.
Tutuwuhan nu sok ngarekahan.
Ngabala’an patamanan.
Ngahalangan Taman karek kekembangan. .
Yu … pada ngamumule. Urang
ome kikis hade – hade.
Taman sari Indonesia. Jeung
tanjeurkeun komara na kabudaya.
Keterangan
Album :
Genre : Kacapi Suling.
Album : Sangkuriang.
Sinden / Juru Kawih :
Aan Darwati
Pirigan Gamelan :
Panineungan Group / Kacapi Rineka Gaya.
Pimpinan : A. Chalim.
Produksi : Panineungan
Record.
Keterangan
Isi Album :
|
NO
|
SIDE A
|
SIDE B
|
|
1
|
Kingkilaban
|
Taman
Priangan
|
|
2
|
Bangbara
|
Girimis
Kasorenakeun
|
|
3
|
Kanya’ah
Indung Tere
|
Karang
Nunggal
|
|
4
|
Mulang
Ka Sarakan
|
Pahlawan
Ilang Laratan
|

Comments
Post a Comment