Ibu Saodah – Jemplang Ceurik – Candra Wulan – Kaleon – Tatalegongan - Kanyeunyeurian (Lirik Lagu)
Ibu Saodah – Jemplang Ceurik – Candra Wulan – Kaleon – Tatalegongan - Kanyeunyeurian (Lirik Lagu)
Ibu Saodah – Jemplang Ceurik (Lirik Lagu)
Halimun di suku gunung.
Aling – aling layung kuning.
Ruhay Umyang nu ka
sawang. Naha ketir teuing ari ras urang pa’anggang.
Dunungan … Dipapaler ku
hariring geuning.
Naha iraha rek kauntun
tepung laksana nya diri.
Aya kadar ti pangeran.
Ku kaweunangan Yang Widi.
Suwung sagala
rintangan. Dunungan … Maha suci sifat adil geuning.
Ibu Saodah – Candra Wulan (Lirik Lagu)
Lara raga disimkuring.
Dendeng gedang wawalehan.
Putra tahing Bandung
tulen. Rama ibu teurah sunda wiwitan … Teurah pasundan.
Nanging sakalintang
dusun. Tata titi kirang terang… geuning.
Abdi mah sok sesah
teuing. Gamparan mah ku kituna.
Teu aya bobot pangayon.
Teu kaopan teu paya’an.
Babari anggeus –
anggeusan. Sautak – saeutik bendu.
Taya pisan tinimbangan
… duh.
Ibu Saodah – Kaleon (Lirik Lagu)
Pikir teh bati
prihatin. Hate asa didudutan.
Sihoreng ari papasten.
Heunteu beunang dipeugatan.
Sanajan malah tobat
urang. Geus pisahan wong pikir kantun gegetut
Teubih tina kanikmatan.
Duh … teubih Duh … tina kanikmatan.
Ibu Saodah – Tatalegongan (Lirik Lagu)
Bangkong dikongkorong
bujeung ka cai. Kole
Wanara Kole
Da hirup katungkul ku
pati. Paeh teu nyaho dimangsa.
Enah Sukaenah – Kanyeunyeurian (Lirik Lagu)
Gusti abdi antosan
geuning …
Gunung bangun
diharudum. gearing batin.
Jiga nu iring –
iringan. Oyag katebak ku angin.
Di sawang ti ka’anggangan.
Matak marudah pikir.
Kamana abdi nya mamrih.
Kamana abdi nya muntang.
Duh … aduh … Kumaha
atuh.
Mana nyeuri – nyeuri
teuing. Anu tumiba ayeuna.
Matak bae geuring
pikir. Mun emut kanyeunyeurian.
Asa ku tugeunah teuing.
Taya piubareunana.
Lintang ti sabaranana.
Ka saha abdi nyalu’uh.
Cukleuk leuweung
cukleuk lamping. Leubeut kana paribasa.
Kitu lain kieu lain.
Jauh ka indung ka bapa.
Lah tobat kumaha
teuing. Muga ulah jadi dipikir.
Beurang the tinangtu
peuting.
Keterangan
Album :
Genre : Tembang Sunda
Cianjuran
Album : Bale Kambang Vol.
1
Juru Kawih 1 (Laras
Sorog) : Enah Sukaenah dan Ibu Saodah.
Para Nayaga 1 : Ebar
Sobari (Kacapi Indung), Ajan Marjan (Kacapi Rincik 1), Acep Eddie (Kacapi
Rincik 2 dan Rebab), Nana S (Suling).
Juru Kawih 2 (Laras
Pelog) : Ibu Saodah.
Para Nayaga 2 : Ebar
Sobari (Kacapi Indung), Ajan Marjan (Kacapi Rincik), Burhan S (Suling)
Pirigan Gamelan : Group
Kesenian Dewi Angrum Sumedang dan Pamekaran II Group
Pimpinan : Dadang
Purnama BA dan Unbari
Produksi : Whisnu
Record.
Keterangan
Isi Album :
|
NO
|
SIDE A (LARAS
SOROG)
|
SIDE B (LARAS
PELOG)
|
|
1
|
Bubuka
|
Bubuka
|
|
2
|
Panulisan
- Panawangan – Bale Kambang
|
Papatet
Ratu – Sampiung – Mamanis – Teunangan
|
|
3
|
Tampangan
- Sinom Rakitan - Haliwawar
|
Jemplang
Ceurik – Candra Wulan – Kaleon – Tatalegongan – Kanyeunyeurian
|
|
4
|
Kumambang
– Patali Margi – Deudeuh Asih
|
Sinom
Baluas – Sumilir - Sabeleleran
|

Comments
Post a Comment