11 Lirik lagu Dedeh Winingsih

1.  Dedeh Winingsih – Pintu Terbuka.
Cik atuh kuring tulungan. Gulang – guling ngan sorangan.
Kuhayang geura rimbitan. Geus boseun lalagasan.
Na atuh kudu ka saha. Can aya nu mirosea.
Padahal teu tahan harga. Ceuk rasa pintu terbuka.
Mun aya nu sosondoeun. Moal teuing disieuhkeun.
Asal nu baris nya’aheun. Ulah nu sok nganyeurikeun.
Pareng aya nu nuduhan. Keur pikeun calon panutan.
Tapi samar tineukanan. Da tacan padu harepan.
2.  Dedeh winingsih – Daun Pulus 2.
Ngait ati nyantel piker. Mere jangji ka manehna.
Daun pulus keur cirina. Nu jadi bahan pikiran.
Duh enung kabayang bae. Bari imut ngageuleunyu.
Na atuh arek iraha. Jangji asih the bakal laksana.
Kebon enteh nu ngemplok hejo. Mayakpak jiga nu ragrag.
Nu gumulung nu ngancik dina jajantung. Mere jangji neundeun asih ka maneh na.
Iraha bakal laksana. Aduh … Jungjunan.  
3.  Dedeh Winingsih – Nyi Randa Midang.
Lamun geus sore nyi randa midang. Diuk di hareup bari sidendang.
Nyiranda midang tos menang dangdan. Hayang ditaksir hayang di sawang.
Rupana geulis kulitna bodas. Rambutna panjang di eurok beulang.
Unggal jajaka atawa duda. Sok loba pisan anu ngagoda.
Nyi randa ngawih hahariringan. Lagu na sedih matak kataji.
Lamun diteuteup ti ka anggangan. Nyi randa imut bari ngeuletan.
Nyi randa midang tos meunang dangdan. Sok jalan – jalan di pakarangan.
Sok disuitan sok dikeprokan. Ku unggal jalma nu mikahayang. 
4.  Dedeh Winingsih – Neng Lilis.
Neng lilies pelayan restoran. Geulis na rada lumayan.
Mun ka tamu darehdeh akuan. Matak betah nu jarajan.
Neng lilies pelayan nu sopan. Loba pisan nu jadi langganan.
Supir mobil, bus malam gandengan. Saban peuting sok jadi langganan.
Neng lilies pelayan geulis. Saban poe sok ngaluis.
Neng lilies nu hideung santen. Loba langganan nu kaedanan.
Aduh – aduh … kopi susuna. Nasi rames na …
Sate gule … goreng hayam. Sakalian nu dagang na.  
5.  Dedeh Winingsih – Kalakay Muntang.
Basa harita kuring rek miang. Bari gugupay dina wahangan.
Nu nganteur kameumeut. Nu jajap kurasa. Duh aduh jungjunan abdi.
Basa rek miang poe harita. Bari gugupay dimumunggang.
Cipanon nu ngeumbeung teu bisa nyarita. Kalakay muntang nu jadi saksina.
Duh .. aduh… aduh…. Aduh … Tong luas ngantunkeun abdi.
Sing karunya ka diri abdi. Aduh nu keur tunggara.
Jalan satapak rarambu leuweung. Wanci geus sore sariak layung.
Sora tonggeret nu mawa kagagas. Tong luluasan arek ngantunkeun. 
6.  Dedeh Winingsih – Tacan Lali.
Baheula geus kumawula. Sanajan teu acan lila.
Raraosan tos bumela. Ngan anjeun teu tumarima.
Buktina anjeun geus tega. Ka abdi anu tunggara.
Teu boga rasa rumasa. Abong ka jalmi nu hina.
Ayeuna re ngajak deui. Bareng sacara bihari.
Tapi abdi tacan lali. Lalakon taun kamari.
Hapunten anu kasuhun. Yen abdi tos kumawantun.
Sanes teu hoyong nyarengan. Kana pangajak agan.
Sabab aya nu miheman. Sugan bae tinekanan.
Najan eleh sagalana. Asal nya’ah ka abdina.
Sing sabar tumarima. Ulah aral subaha.
Sagala nu karandapan. Urang sing sabar narima.
7.  Dedeh Winingsih – Ngalindeukan.  
Lamun heunteu dihelaran. Sok sageuy da tineukanan.
Kiceup manehna ka sawang. Ditaksir ieung … bakal kabandang.
Kumaha atuh … atuh peutana. Haying wawuh tapi era.
Sok piraku kudu wakca. Ngucapkeun tresna ti heula.
Lamun neuteup anteub pisan. Siga anu mere harepan.
Sok inggis kawiwirangan. .. dunungan. Bisina ambon sorangan.
Aduh hate teu kawawa. Heunteu poho ka maneh na.
Upama ngebrehkeun rasa. Sok inggis heunteu daria.
Alok :
a.       Rumasa geus tumarima. Hate abdi geus patepung.
b.      Teu sangka geuning teu sangka. Yen urang bakal patepang.
Naha mending dilindeukan. Malah mandar dileukeunan.
Lamun nguseup alus eupan. Mun nyanggung ieung … bagja temenan.
Kacipta dina lamunan. Pareng bisa pangantenan.
Dirungrum di pajuaran. Salirana …
Hate teuteup panasaran. Moal weuleh diakalan.
Lamun can ka untun tipung. Laksana haying kasorang.
Dilindeukan ti baheula. Ngan saukur sok pura – pura.
Lamun eunya rek narima. Muga aya kawin nu nyata.
Alok :
a.       Teu sangka geuning teu sangka. Yen urang bakal patepang.
b.      Mika’asih ti baheula. Kiwari urang patepang. 

8.  Dedeh Winingsih – Hayam Ngupuk.
Hayam ngupuk diburuan. Macokan daun antanan.
Entong rusuh boga sangka’an. Abdi mah tara bengbatan.
Hayam ngupuk di kolong bale. Macokan daun kaliki.
Entong rusuh sok sulit hate. Abdi mah osok taliti.
Hayam ngupuk di astana. Dibarengan ku jaluna.
Entong rusuh ulah ngahina. Sok abong kena teu boga.
Ieu lagu .. duh hayam ngupuk. Na handapeun saliara.
Jeung sasama da silih pupuk. Ulah sok pakia – kia.
Hayam ngupuk di buruan. Na handapeun tangkal kiara.
Ulah rusuh da luluasan. Abdi tangtos da bumela. 
9.  Dedeh Winingsih – Silih Teuteup.
Mimitina nyidik – nyidik. Lila – lila hayang deukeut.
Sura – seuri ngajak seuri. Geus deukeut sok silih teuteup.
Panon di adu jeung panon. Bari hatena deg – degan.
Rek nyarita teu wani pok. Tapi hatena tak … tik … tuk…
Tapi mun beuger munggaran. Ngaranna sengserang panon.
Tapi mun geus aya umur. Nu kitu sengserang padung.
Pelesiran kanu rame. Itung – itung cuci mata.
Komo lamun papanggihan. Panonna olohok meulong.  
10.                   Dedeh Winingsih – Kuwung Kuwung.
Kuwung – kuwung nu meuleungkung. Cahya lir emas sinangling.
Katinggalna warna – warna. Matak euceuy liwat saking.
Cahaya gilang gumilang. Heunteu boseun nu ningali.
Alok :
a.       Kuwung – kuwung nu melengkung.
b.      Sinarna awor jeung layung. Cahaya kunang – kunangan.
Warna paul anu lucu. Hejo na matak pahili.
Beureum koneng cahayana. Lir emas anyar disangling.
Lamun dicipta kurasa. Matak katarik birahi.
Alok :
a.       Alam endah panyawangan.
b.      Kasinaran sinar layung. Cahaya ngagebur hurung.
Sumangga pisaur sepuh. Carita sawa – siwi.
Cenah endah ti baheula. Tug dugi ka kiwari.
Yen aya sasakalana. Kalanggengan para putri.
Tong tulus ngajak kahuma. Bisi n amah teu na tamu.
Kedah sae ka sasama. Budi manis sae semu.
Samemeh ngamparkeun kasur. Samak heula digearkeun.
Samemeh nyeula ka batur. Emutan lampah ku anjeun.
Gatot kaca ancol – ancol. Di pageur ku cacabean.
Sumangga sami diajar. Bari damel kasaean.
Alok :
a.       Ulah bangbung … bangbung situ. Samangka nutuan imah.
b.      Ulah pundung ku sakitu. Ulah matak bendu manah.
Kebon sereh .. da kebon eurih. Tangkalna rek dibengkeutan.
Mun migawe repeh rapih. Timbulna kasalameutan.  
Meser salur teu diukur. Diseubit dianggo anggeul.
Jungjunan dianggo angge.
11.                   Dedeh winingsih – Angle.
Kapiting katojo bulan. Kokosan bantun ti lamping.
Sapeuting asa sabulan. Ngantosan panutan sumping.
Cikuray … gunung cikuray. Tempat ni’is mojang geulis.
Mun paturay hate peuyar. Mun pateubih hate sok nangis.
Duriang … duriang dina babatu. Melak pandan di basisir.
Tonggeret … tonggeret … tonggeret …. Tonggeret …
Ari regang ku regang na. Di pake panulak leuit.
Ari reunggang ku reunggang na. Hate tibelat tibeulit.
Rek ngawih sok sieun salah. Da puguh hate teu ludeung. 
Sanes abdi ku teu nya’ah. Da puguh mah kagungan deungeun.
Tonggeret … tonggeret … tonggeret … tonggeret …
Mun kuring palid na rakit. Kumaha ngojayanana.
Mun piker kuring geus ngait. Kumaha ngunaranana.

Lamun keur senang langka eling ka pangeran.  Teu cara menang musibat. Kakara eling bertobat.

Comments

Popular posts from this blog

Soal dan Jawaban Pkn Kelas 7 Semester 2 – Halaman 150 dan 151

Soal dan Jawaban IPA Kelas VII Semester 2 – Halaman 81 - 82

6 Agama Di Indonesia disertai dengan Kitab Suci, Tempat Ibadah, Hari Besar Keagamaan