7 Lirik Lagu Dedeh Winingsih
1. Dedeh Winingsih – Bungur.
Ti batan mah
.. ti batan jalan ka bungsu. Mending gem ah ka baros wae.
Ti batan
abdi di palsu. Mending ge teu cios wae.
Katumpang …
dahan katumpang. Kacampuran ayeuna mah daun salasih.
Teu sabaran
abdi tepang. Mikapegat .. da pegat asih.
Ciung wanara
ti gunung. Nu musuh mah ayeuna mah dipangtapaan.
Mungguh
jalmi anu junun. Tara lali kabangsaan.
Neundeun
surat dina bilik. Saleureusna ku tara oge.
Atos kudrat
panutan .. atos milik. Sawios mah sangsara oge.
2. Dedeh Winingsih – Lalaki Raheut Hatena.
Deudeuh
teuing lalaki raheut hate na. gudawang Beulah bayahna.
Beut asa
tutung jajantung. Ku karunya beut asa ku kaniaya.
Geus paheut
kana jangjina. Sugan the rek saeunyana.
Duh ku
kaniaya. Teungteuingeun nasib diri.
Duh tong tega
teuing. Tong luluasan.
Kudu kumaha
atuh nandanganana.
Beut asa ku
teungteuingeun. Sing ingeut jungjunan.
Alok :
a.
Kaniaya nasib abdi nu tunggara. Ditampik
sapajodogan.
b.
Nyeurina ka bina – bina. Duh ku teungteuingeun.
c.
Panon nu jadi saksi. Sungkawa hate katresna.
d.
Duh teungteuingeun nasib diri.
3. Dedeh Winingsih – Kalakay Muntang 2.
Mangsa
harita enung .. nu karandapan. Di pasisir anu lungkawing.
Jalan nu
satapak meuntas pasawahan. Tangkal haur nu cucukan.
Kuring
gugupay enung … dina mumunggang. Sora tonggeret anu marengan.
Cipanon nu
ngeclak nu maseuhan pipi. Duh ieung jungjunan ulah rek lali.
Manehna
miang meungtas wahangan. Bari gugupay ti ka’anggangan.
Cai ibun nu
maseuhan taru’us. Jukut pakwasi anu jadi saksi.
Duh … aduh
.. jungjunan ati. Anjeun geus miang ngantunkeun abdi.
Tong
kamalinaan … tong kajongjonan. Mun tos wanci anjeun kedah mulih deui.
Alok :
a.
Wahangan anu kasorang. Urut engkang liliwatan.
b.
Gupay ti ka’anggangan. Cipanon nu ngagarendang.
c.
Hate meulang sumoreang. Ras ingeut kanu saurang.
d.
Dipikiran sumoreang. Ras ingeut kanu saurang.
4. Dedeh Winingsih – Daun Puspa Endah.
Moal poho
najan geus lawas taunan. Ku carita daun puspa jadi lagu.
Gambaran ka
cinta nu keuna seuneu asmara.
Najan daunna
geus layu. Tangkalna sirungan deui.
Kiwari
carita kasampeur deui. Daun puspa geus ngulinceur saperti bihari.
Dua insane
mimiti pasini deui. Nyimpeun lalakon katukang. Anu kungsi sirna.
Kadeudeuh
teu euweuh – euweuh … aduh. Ka asih teu daek leungit.
Masket hate
ka manehna. Mo bisa dihilian.
Daun puspa
nu endah. Nyaksian nu keur pasini.
Siga sabiasa
tuhu. Nyaluyuan urang dua’an.
Alok :
a.
Gambaran cinta ka endah. Nu pinuh asih katresna.
b.
Mustika kembang harepan. Nu ayeuna kasampeur
deui.
c.
Puspa endah keur totonden. Nu kungsi kedal
carita.
d.
Panuduh jadi ceungceuman. Nu ligar di
patamanan.
5. Dedeh Winingsih – Pulus Biru.
Moal rek
lali najan abdi jiwa seni. Pangharepan moal beda jeung nu lian.
Geus
kabayang naon sagala kahayang. Nu nangtkeun dina hate. Pulus biru pamepende.
Najan kamana
miang. Teu hayang papisah anggang.
Pulus biru ka
sasama mikaheman.
Sok manteung
dina lamunan. Ka impleung ka bawa gundam.
Asa laleusu
teunangan. Asa peunggas panghareupan.
Bulan lamun
eta keneh. Hate teh teu daek rineh.
Geus bosen
ngabebenjokeun. Ka maneh na teu daek tengtrem.
Mun pareng
nu ngajak seuri. Ka maneh na mah teu lali.
Pulus biru
hiji tanda. Duh dipitineung salamina.
Alok :
a.
Najan kamana rek miang. Geus kabayang dina
sagala kahayang.
b.
Pangajak teu beda jeung nu lian. Pulus biru nu
sami miheman.
c.
Hate the teu daek rineh. Geus bosen
ngabebenjokeun.
d.
Ka manehna nu dipiceungceum. Pulus biru hiji
tanda.
6. Dedeh Winingsih – Emut ka Anjeun.
Hate ratug
dag .. dig … dug .. teu daek jeumpe.
Jero dada
marudah heunteu ka tahan. Na ku naon jadi galecok sorangan.
Peuting
kaimpikeun. Beurang kabayangkeun.
Emut ka
anjeun basa harita patepung. Jadi emutan nyusup na jajantung.
Duriat
masket. Naha beut jadi kapelet.
Abdi anu
mere imut. Naha beut jadi ka irut.
Harita emut
ka anjeun. Weungina beut kaimpikeun.
Teu bisa
dipopohokeun. Kabayang salira anjeun.
Rambutna nu
galling muntang. Kulit koneng mani umyang.
Duh … aduh …
aduh … aduh … naha anjeun teu ngabandang.
Alok :
a.
Cik sora indit ti heula. Ulah lalangke di jalan.
b.
Bejakeun … kuring bejakeun. Emut bae ka maneh
na.
c.
Mun di sawang sok laleuwang. Di bawa sok
kagagas.
d.
Nyaliksik nyiruruk. Katikung ….
7. Dedeh Winingsih – Jambal Roti.
Ari jambal …
duh dunungan jambal roti. Di pais teu dibawangan.
Hirup jalma
anu pasti. Lampah tara sarampangan.
Samping
hideung da dinu upih. Dibantun mah dikakalerkeun.
Abdi nineung
kanu mulih. Teu kenging dipapalerkeun.
Alok :
a.
Campaka kembang malati. Kembang saga kapayunan.
b.
Nyanggakeun ieu pangbakti. Ka sadaya nu mayunan.
c.
Lamun hayang mutiara. Kudu neuleuman sagara.
d.
Ku sabar bibitna mulya. ….
Ari jambal …
dunungan jambal roti. Di gorengna digaringkeun.
Lampah kedah
ati – ati. Sangkan teu kawiwirangan.
Cau raja sok
turun jantung. Jadikeun mah sakuya bae.
Taya bagja
taya untung. Jadikeun mah baraya wae.
Ari jambal …
ari jambal roti. Ngeureutna sok disiksikan.
Jalma anu
ngitung rugi. Ku batur sok dilicikan.
Lain – lain
… lain – lain nu ngawih. Leunca beureum sok ditaweurkeun.
Lain – lain
… lain – lain bagja diri. Bagja deungeun sok diheureuyan.
Dedeh Winingsih
– Bulu Palsu.
Comments
Post a Comment