Euis Komariah dan Mang Koko – Samoja (Lirik Lagu)


Euis Komariah dan Mang Koko – Samoja (Lirik Lagu) 

Kedal na asih na bulan pinuh mamanis.
Hiji jangji pasini na rasmining wanci
Mangsa samoja jongjon kembangan.
Duh eulis langit lenglang. Angin rintih dina ati … aduh.

Lalakon lawas na bulan pinuh katineung.
Aya jangji pasini nu heunteu ngajadi.
Mangsa samoja geus ngarangrangan…. Duh ieung. 
Langit anggeub samagaha dina ati … duuh.

Ayeuna kantun wa’as na jungjunan.
Lalakon katukang diteang ngan ku ciptaan.
Kamari nu pamit … kamari nu pamit.
Datang deui na kalangkang.

Ayeuna kantun ngangres na jungjunan
Lalakon nu lawas (peugat) di sambung ngan ku ciptaan.
Kamari nu leungit …. Kamari nu leungit.
Rek leubeung mo datang deui.  

Keterangan Album :
Judul Album : Kembang Impian
Sinden : Euis Komariah.
Kecapi : Mang Koko.
Isi Album :
NO
SIDE A
SIDE B
1
KEMBANG IMPIAN
PEUTING JEUNG PANG HAREPAN
2
LONGKEWANG
TEPUNG DI LAMPING GALUNGGUNG
3
SAMOJA
BUNGUR JALAN KA CIANJUR
4
KEMBANG TANJUNG PANINEUNGAN
PANGUNGSI BALIK
5

SALEMPAY SUTRA
6

DUH INDUNG




Comments