Euis Komariah dan Mang Koko – Pangungsi Balik (Lirik Lagu)


Euis Komariah dan Mang Koko – Pangungsi Balik (Lirik Lagu) 

Balik – balik tenangan jeung ngalongkewang.
Mulang heunteu babawaan.  Duh gusti … teu babawaan.
Banda beak … awak begang. Anak bojo rumanggieung.
Pakaian sarakeut badan.  Sangsara dipangungsian …. Duuuh di pangungsian.

Budak ceurik titadi terus midangdam.
Indung na heunteu ngupahan… duh gusti heunteu ngupahan.
Ujang kapan arek mulang. Ka lembur ka bumi ujang. Bari neang pepelakan.
Sangkan seubeuh kadaharan … laah ti kadaharan.

Awak lesu rampohpoy sakujur badan.
Imah ngan tinggal urut na .. dunungan tinggal urut na.
Kebon ngeplak ngan tapak na.
Budak melong bari ngomong “ bapak mana imah urang”.
“Jeung dimana domba urang” … duh domba urang.

Keterangan Album :
Judul Album : Kembang Impian
Sinden : Euis Komariah.
Kecapi : Mang Koko.
Isi Album :      
NO
SIDE A
SIDE B
1
KEMBANG IMPIAN
PEUTING JEUNG PANG HAREPAN
2
LONGKEWANG
TEPUNG DI LAMPING GALUNGGUNG
3
SAMOJA
BUNGUR JALAN KA CIANJUR
4
KEMBANG TANJUNG PANINEUNGAN.
PANGUNGSI BALIK
5

SALEMPAY SUTRA
6

DUH INDUNG



Comments