20 Lirik Lagu Dedeh Winingsih


20 Lirik Lagu Dedeh Winingsih 

1.      DEDEH WININGSIH - BULU PALSU (LIRIK LAGU).
Mun diteuteup tambah sieup. Mun ditilik tambah manis.
Beuki pantes tambah keweus. Bulu soca centric nyentrik.

Alok :
Amprok sono ti bareto. Ukur galecok ngarasa.
Kiceupna ge kudu anca. Masing tenang ora pandang.
Ulah inggis ulah risi. Kajeun peurih asal aksi.
Alok :
Mun pa’anggang sok hariwang. Mun pateubih sok asa sedih.
Mun ateul ulah digaro. Mun getek ulah di toel.
Bisi coplok pang rapeutna. Lamun lesang ulah cek – cok.
Alok :
Kiceupna sok matak geugeut. Jeung imutna sok matak kameumeut.
Sapoe teu dieunteungan. Tutuluyan kakesangan.
Ngagolosor pindah tempat. Ngariung luhureun irung.
Alok :
Hayang tepung rarasa’an. Teu wasa ngedalkeunana.
Mun pareung ngajak kahuma.

2.      DEDEH WININGSIH - PACUL GOANG  (LIRIK LAGU).
Dina sasakala sunda. Sunda cara nu baheula.
Ayeuna geus ganti wanda. Warna na siga teu aya.
Alok :
Katampan nu teu meunang dijauhan ku dirina.
Sabab aya balukarna. Sieun bebendon nu kawasa.

Tos peuting ganti ku beurang. Jol poek datang ca’ang.
Kahayang mang rupa – rupa. Estuning kitu perbawana.
Dayeuh geus teu kantun nyari. Nyari ku asalna diri.
Simkuring anu surti. Milari warganing bati.

Kayu nangka keur jandela. Ulah nganggo kayu jeungjing.
Pami bapa bade bela. Antosan dugi ka enjing.
Samangka sareng solasi. Nyandak tomat sareng terong.
Abdi keursa dipiasih. Mung omat tong gede bohong.

Samangka sareng mahoni. Hibris sareng markusa.
Mikacinta kana seni. Tawisna micinta bangsa.
Solasi sareng samangka. Daun sedih jeung paria.
Sumangsih ti para bapa. Abdi ge ngiring walerna.

Meser jukut disimpangan. Sakalian jeung suluhna.
Suka bungah sasarengan. Enjing kantun urutna.
Mahoni … buah mahoni. Paitna sanes lumayan.
Upami resep ka abdi. Ulah kagok diburuan.

Mahoni .. mah mahoni…. Buah mahoni. Rasana mah patina tara lali.
Najan resep kana seni. Sing emut kanu di bumi.
Abdi mah hoyong ka situ. Ku hanjakal kaburitan.
Abdi hoyong kanu itu. Hanjakal teu nyanggupan.

3.      DEDEH WININGSIH - ABONG KENA (LIRIK LAGU).
Duh ieuh Kang Enjang. Teu sangka rek luluasan.
Tega temenan. Ka abdi neungteuinganan.
Duh ieuh Kang Enjang. Teu sangka salira tega.
Ka abdi nganteup. Abong abdi awon rupa.

Na teu emut ka jangji anu baheula. Waktos urang pasini kedal subaya.
Ayeuna mah geuningan salira cidra. Salira the janten kalah kitu peuta.
Aduh … aduh … abdi nalangsa. Aduh …aduh … sedih kacida.
Aduh … aduh … ku kaniaya. Abong kena Kang Enjang mah hade rupa.

4.      DEDEH WININGSIH - AWET RAJET (LIRIK LAGU).
Rumah tangga jeung manehna. Geus teu kaitung lilana.
Ti bujangan jeung parawan. Nepi ka geus reu’ay anak.
Ari jodo teuteup pageuh. Tapi ngan pakucrut wae.
Teu kaop salah saeutik. Babari pisan mundeulik.

Nya atuh kudu kumaha. Rumah tangga jeung manehna.
Sakitu geus reu’ay anak. Manehna euweuh eling na.
Tengah peuting jemplang – jempling. Dijujurung nitah balik.
Rek balik – balik kamana. Indung bapak geus teu boga.

5.      DEDEH WININGSIH - KALANGKANG DINA LAMUNAN.
Leubah beakna tanjakan. Aya imah ngujur ngetan.
Pernahna di sisi jalan. Estu heunteu kahalangan.
Didinya aya dongengna. Antara asih dua’an.
Kiwari tinggal kalangkang. Nu nganteung dina lamunan.

Ayeuna nembongan deui. Ngalangkangan dina ati.
Lalakon poe kamari. Nu endah masieup ati.
Kacipta imut manehna. Imut ngirut niruk rasa.
Teu nyana dongeng nu endah. Di tungtungan ku ka duka.

6.      DEDEH WININGSIH - NAKSIR JAJAKA (LIRIK LAGU).
Itu geura aya jajaka. Ku matak abdi kabita.
Ramah – tamah hade basa. Murah imut ka sasama.(estu matak resep pisan).

Itu geura aya jajaka. Abdi mah reusep kacida.
Ku katinggal someahna. Heunteu lanyahna nyarita.
Na atuh jajaka mana. Kuhayang terang namina.
Jeung eta hiji jajaka. Keur kasep the hade basa.

7.      DEDEH WININGSIH - TEUTEUP NU DEUDEUH (LIRIK LAGU).
Teuteup ka deudeuh. Ti anjeun nu mikatineung.
Imut nu ngirut. Kareu’eut ku matak nineung.
Lalakon poe kamari. Teu nyana asih teu jadi.
Dongengan nu endah pisan. Manteung dina panglamunan.

Teuteup nu seukeut. Ti anjeun nu mikaheman.
Imut nu nyari. Nu sok nimbus lelembutan.
Lalakon poe kamari. Teu sangka make teu jadi.
Anu kiwari ngan ukur bati ngageuri.

Sugan the diri. Moal rek kieu ngajadi.
Lalakon reuntas. Teu keubat muru udagan.
Sugan the diri. Moal rek kieu ngajadi.
Lalakon asih kamari. Ditungtungan ku ka nyeuri.

8.      DEDEH WININGSIH - RENGGONG GANCANG (LIRIK LAGU).
Mun jalan ka alun – alun. Moal eureun di pengkolan.
Sanajan mang taun – taun. Moal weuleh di dagoan.
Lawon sepre gandaria. Nu kayas kantun sakodi.
Teu malire nu satia. Beut luas ngantunkeun abdi.

Tanjakan gunung cikurai. Kanyere sareng alpuket.
Sanajan urang paturay. Hate the tetep pacakeut.
Lawon bodas baju kurung. Dipake ka hotel wae.
Najan lawas teu pateupung. Hate mah cumantel wae.

Lamun cau hese ngajul. Mun muncang hese nuaranana.
Lamun cau hese nyusul. Teu wasa abdi neanganana.
Titiran mah di luhur gunung. Recet – recet disadana.
Pipikiran bararingung. Naon pilandongeunana.

Tarate candak ti bale. Dicandak ka sindang laya.
Hate the teu daek paler. Ari anggang abdi meulang.
Cau raja turun jantung. Jadikeun sakuya wae.

Taya bagja taya untung. Jadikeun baraya wae.
Daun pulus jeung cangkangna. Cihcir disada ti peuting.
Lamun tulus jeung anjeunna. Pikir bungah tanpa tanding.

9.      DEDEH WININGSIH - BUAH NGORA (LIRIK LAGU).
Buah ngora 2x .. Mun ngora pake ngaranan.
Abdi era 2x .. Era ku indung bapak.
Buah ngora 2x … mun ngora raos dirujak.
Abdi era 2x … da puguh geus reu’ay anak.

Buah ngora 2x … mun ngora haseum rasana.
Abdi era 2x … mun pateuteup jeung anjeunna.
Buah ngora 2x … Dikeureut jieun manisan.
Abdi era 2x … Diteuteup kunu kumisan.

Buah ngora 2x … Kameumeut nu kakandungan.
Abdi era 2x … hayang deukeut reureujeungan.
Buah ngora 2x … Dibungkus ku saputangan.
Abdi era 2x … Da puguh ambon sorangan.
Alok :
Buah ngora 2x … lumayan keur landing lieur.
Abdi era ku mitoha. Majarkeun the boga minantu sok badeur.
.
10.  DEDEH WININGSIH - IMPLEUNGAN (LIRIK LAGU).
Kuring teupung geuning di pengkolan. Jeung manehna nu jadi impleungan.
Hayang geura bisa babarengan. Anu manteungna rasa ciptaan.
Lamun peuting Euis … sok ka impi. Basa tepungna poe kamari.
Moal lali malah kapati. Kembang endah sugan lipur deui.

Pareung wanci tunggang gunung. Kuring neuteup cahya layung.
Sugan seug anjeun nguruyung. Pa’amprok patepung lawung.
Moal sungkan bibilasan. Maksud hate tineukanan.
Impleungan kabiruyungan. Ulah ukur ngajangjian.
Kembang endah jungjunan diantosan. Nyata anjeun nu jadi impleungan.

Alok :
Leuh .. ku teu sangka. Panutan geuning teu sangka.
Kedal asih ti baheula. Nu jadi impleungan ati.

11.  DEDEH WININGSIH - KORBAN RAYUAN (LIRIK LAGU).
Duh nasib ku kaniaya. Hirup nandangan tunggara.
Keuna ke panggoda setan. Geus jadi korban rayuan.
Akibat korban rayuan. Bebas teuing pergaulan.
Ahirna ka usap setan. Tungtung na kawiwirangan.

Duh nasib korban rayuan. Diri anu katempuhan.
Geus noda abdi dipiceun. Teu aya pisan ras – rasan.
Akibat bah aka kolot. Teu tuhu kana amanah.
Akibat pergaulan. Bebas teu aya ukuran.
Ayeuna jadi karasa. Diri nu geus menang noda.
Estu taya panghargaan. Akibat korban rayuan.
Alok :
Akibat korban rayuan. Bebas tina pergaulan.
Ahirna kagoda setan. Diri nu kawiwirangan.

12.  DEDEH WININGSIH - ABDI KABENGBAT (LIRIK LAGU).
Hate abdi ting seredet. Kieu rasana kabengbat.
Ngait pikir jeung tibelat (kapelet). Kieu rasana kabengbat.
Asih nu mimiti tepung. Manehna geus mere jangji.
Bari imut ngageuleunyu. Amis budi hade semu.

Ayeuna kari wa’as na. Waktu eukeur jeung manehna.
Gunting pameulahan jambe. Kacipta laku lampahna.
Leungeun na bari ngusapan. Jiga anu mikaheman.
Deudeuh asih ka manehna. Teu aya bandinganana.
Alok :
Teu sangka urang the bakal paturay. Pipikiran sulang – seling.
Pikiran kalah nambah bingung.

13.  DEDEH WININGSIH - RUSIAH HATE (LIRIK LAGU).
Sataun anu katukang. Lir lalakon catur wayang.
Usik malik na ku dalang. Rupa – rupa nu ka sorang.
Hate anu mika asih. Kahayang embung papisah.
Da bongan geus kedal jangji. Nu maksud hayang ngahiji.

Ayeuna kalah nyalahan. Jangji heunteu tineukanan.
Da bongan aya halangan. Kana sagala tujuan.
Ayeuna kari wa’as na. basa eujeung si manehna.
Sagala rusiah hate. Ngan kari wa’as na bae.
Alok :
Jalan ngeumbat nu satapak. Waktu urut leumpang urang.
Antara jalan nu kasorang. Lalakon anu katukang.

14.  DEDEH WININGSIH - MELET NU KASEP.
Patepung teuteup di panggung. Patepang di pasampangan.
Eukeur imut bari ngangguk. Heunteu kedal ucap pisan.
Rumasa diri kataji. Nembongan geuning dina ciptaan (impian).
Saseumeut keur ka diri. Teu hade kuring balaka.

Duh geuning kuharianeun. Piraku teu tembus rasa…. Ke panasaran.
Melet nu kasep harese. Tungtungna sare.
Laksana dina impian. Sok asa nya’an.
Alok :
Ti peuting mindeung ka impi. Ti beurang ngabarung sinang.
Naha naon balukarna. Susah ditinggalkeunana.

15.  DEDEH WININGSIH - DAUN PULUS 3 (LIRIK LAGU).
Mere jangji jeung pasini. Maseuhkeun tepung teuteup.
Daun pulus ciri asih. Sugan maksud tineukanan.
Najan engkang ngaharewos. Mere jangji jeung pasini.
Iraha bakal laksana. Jangji the engkang taya buktina.
Unggal jalan geus kasorang. Tatanjakan jeung pengkolan.

Nya atuh arek iraha. Jangji the bakal laksana.
Ti Bandung jalan Sumedang. Ngaliwat cadas pangeran.
Halis imut ngageuleunyu. Aduh ku matak lucu.
Kabaya biru cirina. Karembong beureum saksina.
Basa engkang mere jangji. Maksudna haying ngahiji.

Alok :
Cita – cita ti baheula. Laksana kapiduriat.
Mangka seug ulah jangji. Lara jangji nu baheula.
Alok :
Kapungkur mah sanes jangji. Maksud nu hayang ngahiji.
Saban jalan geus kasorang. Harepan kanu saurang.

16.  DEDEH WININGSIH - MOJANG CIKAPUNDUNG (LIRIKLAGU).
Cikapundung nu aya di kota Bandung. Kota endah kota kembang tempat midang.
Alun – alun hejo ngemplok pangiuhan. Cikapundung walungan di kota Bandung.
Baheula lalakon mojang lenjang. Mojang geulis nyi odas mojang ti kampong.

Deudeuh teuing mojang nu nandang tunggara. Pangiuhan kolong sasak cikapundung.
Ayeuna duka dimana. Mojang nu ngandung carita.
Ngan kari catetanana. Cikapundung keur cirina.
Alok :
Cikapundung kota Bandung. Walungan ngandung sajarah.
Pikeun ciri eta tempat. Nyi odas mojang ti kampong.
Alok :
Lalakonna mojang lenjang. Moal poho pikeun sajarah.
Catetan ngandung carita. Kolong sasak cikapundung.

17.  DEDEH WININGSIH - BULAN 14 (LIRIK LAGU).
Bulan purnama gugupay. Ngiceupan di awing – awing.
Sok bisi ngaraos meulang. Yap .. deudeuh urang ngabungbang.
Hayu urang suka bungah. Meungpeung manehna nembongan.
Enjing mah kantun nineung na. Purnama langka datangna.

Sekar di taman nyambuang. Mawar asar jeung flamboyan.
Ngagalindeung cacarita. Mangsa urang papacangan.
Anjeun lir patrina bingung (diri). Ngahias album kenangan.
Weungi sok sering ka impi. Siang ngolebat nembongan.

18.  DEDEH WININGSIH - SAGAGANG KAMEULANG (LIRIK LAGU).
Poe kamari nu pamit. Nyaksian lalakon urang.
Asih kamari nu leungit. Dating deui narembongan.
Kapaksa kuring ngadangding. Dipasieup ku hariring.
Ngahaja kuring ngarengkak. Sagagang kembang rumpaka.

Sareung deui kameumeut...  Deudeuh. Neundeun dihandeuleum sieum.
Sagagang kameulang... Sayang. Pernahna di alam kenangan.
Purnama ngeumpur di kalbu. Saukur nyungkun kabingung.
Kameumeut nu lawas lunta. Sering ngolebat nembongan.
Mangsa na lamunan miang. Wancina duriay pegat.
Badan nalangsa sorangan. Nu geulis nu dikeukeupan.

Alok :  
Saranggeuy kameumeut. Teundeun dihandeuleum sieum.
Tunda di hanjuang siang.  Sagagang kamelang lir bentang di awang – awang.
Alok :  
Hiliwir angina ti peuting. Mepende kanu hariring.
Haleuang nu mawa beja. Saranggeuy kembang kameumeut.

19.  DEDEH WININGSIH - ULAH TUMANYA (LIRIK LAGU).
Teu guna tumanya abdi miang. Teu perlu ku naon abdi nangis.
Ulah rek ngarandaka upami abdi lunta. Jawabanna aya di anjeun pribadi.
Peugatna simpay jeung peugat katineung. Peupeusna piring jeung peupeusna harepan.
Naha salira teuing ku tega ngantuneun. Kembang tunggara nalangsa taya ubarna.

Anjeun datang nyuguhkeun kembang harepan. Keur ka diri kabengbat ku amis madu.
Abdi kataji kapincut ku cinta palsu. Harta kuring pang mahalna sirna harita.
Teu guna tong nanyakeun mun abdi miang. Teu perlu tumanya kunaon abdi nangis.
Ulah rek ngarandaka upami abdi lunta. Jawaban na aya di anjeun pribadi.

Alok :  
Sanajan akang rek miang .. Nya nung. Lunta neang punteunna salira.
 Pipikiran sumoreang sok inggis mah. Hate engkang sumoreang geuningan mah.
Alok :
Kana jangji jeung pasini. Waktu urang nu mimiti.
Sanajan teu tumarima. Moal burung ngantosan.

20.  WININGSIH - ALAM KATUKANG (LIRIK LAGU).
Lalakon alam katukang. Ayeuna kasorang deui.
Ampir ret tamat lalakon. Jati kasilih kujunti.
Abong jaman geus modern. Poho kana wiwitan.
Ayeuna di gali deui. Sing jadi bahan pamatri.
Pikeun eunteung catetan lamunan.

Jentrengna kacapi nu narik birahi. Lain birahi cinta na manusa.
Cinta haleuang baheula. Nu sumurup na leuleumbutan.
Nu ngancik dina catetan.
Haleuang alam katukang. Mepende hate kameulang.
Nu jadi pangeling – ngeling. Nu nyata haying pateupang.
Alok :
Hariring alam katukang. Haleuang jaman baheula.
Abong kena geus modern. Ampir rek ka luli – luli.




Popular posts from this blog

Soal dan Jawaban Pkn Kelas 7 Semester 2 – Halaman 150 dan 151

Soal dan Jawaban IPA Kelas VII – Semester 2 – Halaman 26

Soal dan Jawaban IPS Terpadu Kelas VII – Halaman 82