Nyi Mas Okamah S – Kunasari – Sebrakan Pelog – Wani Wani – Gaya (Lirik Lagu)


Nyi Mas Okamah S – Kunasari – Sebrakan Pelog – Wani Wani – Gaya (Lirik Lagu) 


Nyi Mas Okamah S – Kunasari (Lirik Lagu)
Nyukcruk parung lah bantar. Birit leuwit Pepentasan.
Moro sedong pamondokan. Handapeun hanjuang …  sinangling.
Bandung dilingkung ku Gunung. Ciri bukti … Bukti tunggul.
Tangkuban parahu nangkub. Burangrang bihari bitu.
Malabar wates ti kidul. Ngajadi talaga Bandung.

Sasakala dayeuh Bandung. Cikapundung jeung Citarum.
Sangkuriang ngaberung . Nu ujub ria takabur.
Tutas sapeuting ngabendung. Pundung ku teu jadi ngalung.
Bral miang ngantunkeun Bandung . Dayeuh papajeung nagari.
Mencar ka mancanagara. Ngalingling bari ngajaring.
Sanes kawih sanes tembang. Titisan ki sunda asli.

Nyi Mas Okamah S - Sebrakan Pelog (Lirik Lagu)
Dayeuh Bandung rame sarta resik. Datar mengpar perbawa na hegar.
Gedong – gedong na alagreng. Dayeuh na dilingkung gunung.
Patilasan nu bihari. Cacandran jadi siloka keur anu dikantun.
Panggeuing panghudang rasa. Rasa lahir dibarengan rasa batin.
Nineung kantun wa’as na.

Nyi Mas Okamah S - Wani Wani (Lirik Lagu)
Kota Bandung urang jaring. Diraksa didama – dama. Diurus di sae – sae.
Sina resik sina endah. Migugaheun komarana.
Sanajan heurin ku tangtung. Poma udar Dangiang.

Nyi Mas Okamah S - Gaya (Lirik Lagu)
Bandung jaman revolusi. Ngarebut kamerdekaan.
Ngalamanan lautan api. Ngamusnahkeun penjajahan.
Bandung kota perjuangan. Tempat konferensi AA.
Nyawalakeun nasib – nasib bangsa. Bangsa Asia – Afrika.

Keterangan Album :
Genre : Cianjuran
Album : Bandung Heurin Kutangtung.
Sinden / Juru Mamaos : Nyi Mas Okamah Supandi.
Kacapi Indung : Ida Ahman
Suling : Rakhmat.
Rincik : U Ruswanda.
Pimpinan : R. Fadil SA
Pirigan Gamelan : Panginditan Panggugah
Keterangan Isi Album :
NO
LARAS PELOG
LARAS SOROG
SIDE A
SIDE B
1
Kunasari – Sebrakan Pelog – Wani Wani - Gaya
Kapati – pati – Eros - Midangdam
2
Bayubud – Liwung – Renggong Gede
Udan Iris – Kulu Kulu Barat - Kingkilaban
3
Sinom Pagunungan – Bubaran - Senggot
Dangdanggula Pancaniti – Talutur Sorog – Panineungan.


Comments

Popular posts from this blog

Soal dan Jawaban Pkn Kelas 7 Semester 2 – Halaman 150 dan 151

Soal dan Jawaban IPA Kelas VII – Semester 2 – Halaman 26

Soal dan Jawaban IPS Terpadu Kelas VII – Halaman 82