Enah Sukaenah dan Subandi – Asmarandana Karaton – Sinom Bungur – Lara Lara (Lirik Lagu)
Enah Sukaenah dan Subandi – Asmarandana
Karaton – Sinom Bungur – Lara Lara (Lirik Lagu)
Enah
Sukaenah dan Subandi – Asmarandana Karaton (Lirik Lagu)
Mun nyana pikieu’eun
mah. Moal kajongjonan teuing.
Ku teu narah samokaha.
Tungtung na jadi panyakit.
Nu puguh mah nyiksa
diri. Nyangsara Saumur – umur.
Teu miwujud teu paya’an.
Kaburu tungkul asih.
Geuning bukti 2x kieu
kajadianana.
Cing atuh bulan sing
ca’ang. Nyamuni nembongkeun diri.
Weuleh kahalangan mega.
Masing karunya ka kami.
Anu eukeur nyuwung
pikir. Lir anu kena ku duyung.
Ayeuna rek ngabungbang.
Ngalantung ni’iskeun pikir.
Sugan bae 2x bisa Ngulayapkeun
baya.
Enah
Sukaenah – Kulu Kulu Barat (Lirik Lagu)
Bungbulang dihandapeun
awi. Pacar tere ka anginan.
Tuh gumantung dikebon.
Akar pandan diruatan.
puguh diri teu kaopan.
(Teu kadangu)
bendungan di sisi situ.
Ti peuting Sagara dipanjangan.
Enah
Sukaenah – Lara Lara (Lirik Lagu)
Lamun urang nyorang
lara. Ngadadak sok poek pikir.
Timbul sangka rupa –
rupa. Teu ngingeutkeun kana takdir.
Tungtung na aral
subaha. Padahal kudu dipikir.
Mun urang eukeur
tunggara. Urang kudu ngaca mikir.
Lir ibarat kembang
tanjung. Tanjung jeung campaka bodas.
Diseuseup bari
diambung. Lamun mangsa na laras.
Cing saha nu bade
ngambeuk. Da puguh ligar marurag.
Mun gancang dipulasara.
Hamo ligar maruragan.
Keterangan
Album :
Tembang Sunda
Cianjuran.
Album : Linggasari.
Sinden : Enah Sukaenah
Subandi dan Subandi.
Pirigan Gamelan :
Perkumpulan Dewi Angrum.
Pimpinan : Dadang
Purnama BA
Kacapi Indung : Uking
Sukri.
Kacapi Rincik : Dadang
Purnama BA.
Suling : M. Soleh.
Rebab : Dadang Purnama
BA.
Produksi : Hidayat dan
Co Audio Record.
Isi
Album :
|
NO
|
SIDE A
|
SIDE B
|
|
1
|
Embat
– Embat
|
Sebrakan
Sapuratina – Bayu Bayu
|
|
2
|
Sekar
Gambir – Kingkilaban
|
Lor
Loran - Tablo
|
|
3
|
Asmarandana
Karaton – Sinom Bungur – Lara lara
|
Erang
Barong – Kulu Kulu Bem
|

Comments
Post a Comment