Juju Juarni – Reumbeuy Bandung (Lirik Lagu)


Juju Juarni – Reumbeuy Bandung (Lirik Lagu) 


Ari reumbeuy … reumbeuy 2X Bandung. Ngareumbeuy dina jambangan.
Ari heureuy … heureuy 2X Bandung. Heureuy ge jeung kasopanan.
Ari reumbeuy … reumbeuy 2X Bandung. Ngareumbeuy dina jambangan.
Ari heureuy … heureuy 2X Bandung. Ulah sok dipasampangan.

Ari lilin … lilin 2X Bandung. Geus hurung sok poek deui.
Ari ulin … ulin 2X Bandung. Geus pundung sok daek deui.
Sanajan aya tali na. Moal cara jeung areuy na.
Sanajan aya ganti na. Moal cara jeung anjeun na.

Hayu batur urang ka Soreang. Kareta Api ti guling.
Hayu batur urang teang. Urang api – api ulin.
Cat mancat ka Bale Pulang. Ngais ngayak ku Kareumbi.
Tobat sanes heunteu hayang. Ngait pikir ti pandeuri.

Kamana Si kalong hideung. Teu kadeuleu – deuleu mandi.
Kamana Si jangkung hideung. Teu kadeuleu neang abdi.

Keterangan Album :
Genre : Degung Jaipong
Album : Sulanjana
Sinden : Juju Juarni.
Kendang : Atum
Isi Album :
NO
SIDE A
SIDE B
1
Dareuda
(Instrumental)
2
Balebat
Kahayang
3
Reumbeuy Bandung
Gaya
4
Sulanjana (Instrumental)
Jeruk Manis
5

Nimang


Comments

Popular posts from this blog

Soal dan Jawaban Pkn Kelas 7 Semester 2 – Halaman 150 dan 151

Soal dan Jawaban IPA Kelas VII – Semester 2 – Halaman 26

Soal dan Jawaban IPS Terpadu Kelas VII – Halaman 82