Ida Widawati – Sarungsum – Sekar Gambir - Panyuat (Lirik Lagu)
Ida Widawati – Sarungsum – Sekar
Gambir - Panyuat (Lirik Lagu)
Ida widawati – Sarungsum (Lirik Lagu)
Sarigig kudu jeung harti.
Sarengkak reujeung jeujeuhan.
Poma ulah rek kapelet.
Emut kanu nangtayungan gusti nu mikaheman.
Mun pareng aya
kabingung. Suay sugrining panghalang.
Ida Widawati – Sekar Gambir (Lirik Lagu)
Paingan … atuh paingan.
Teu teubih ti sangka’an ati.
Gusti kagungan
panyawat. Panyawat nu langkung lantif.
Teu kaop leupat
saeutik. Gusti babarian bendu.
Sarupi mundut lantaran.
Hoyong pisah sareng abdi.
Da gusti na gampang
raos wiwitan.
Ida Widawati – Panyuat (Lirik Lagu)
Ngahaleuang …
Ngahaleuang lain usum. Ngahariring …. Ngahariring lain ngusir.
Emut bae ka gamparan … Ka
gamparan. Aduh … manawi mah … Manawi bahan katampi.
Da abdi mah … Abdi sumeja
bebela. Geuning tilahir na … Ti lahir dugi ka batin.
Abdi geuring … Abdi geuring
geus sataun. Kulantaran … Lantaran kapati – pati.
Sugan teh kieu rasa na…
kieu rasana. Aduh … ari diri … Ari diri sanes tanding.
Aduh gusti … Duh Gusti
tobat pangeran. Aduh … dikumaha … dikumaha diri abdi.
Aduh bulan … Duh bulan
tong waka surup. Ke dagoan … Dagoan sakeudeung deui.
Kuring rek tunda
talatah … Tunda talatah. Aduh mihape mah … Mihape ka angin leutik.
Pangneupikeun …
Pangneupikeun rarasa’an. Aduh ka jungjunan … Ka jungjunan dinu teubih.
Keterangan
Album :
Genre : Tembang Sunda
Cianjuran
Album : Pasini Sulaya
Juru Kawih : Ida
Widawati
Pirigan Gamelan :
Lingkung Seni Malati
Pimpinan : M. Ili
Sadeli
Produksi : Asmara
Record.
Keterangan
Isi Album :
|
NO
|
SIDE A (LARAS SALENDRO)
|
SIDE B (LARAS
SOROG)
|
|
1
|
Lampuyangan
– Asmarandana Ciawian – Renggong Malang
|
Pasini
Sulaya - Midangdam
|
|
2
|
Garutan
– Kapilara - Sumarambah
|
Sarungsum
– Sekar Gambir - Panyuat
|
|
3
|
Purbolinggo
– Lara Lara
|
Luminjing
– Gerentes Ati
|

Comments
Post a Comment